anu beda ti sasari, malah anu tacan kungsi karandapan ti samemehna.
Satuluyna, lantaran pada ngaragangan, anu ditanyakeun boh ku Ikah, boh ku indungna, boh ku Nyi Kuwu, boh ku sa saha oge, ngan sual-sual anu biasa wae, kayaning kawarasan, kumaha di jalan jeung sapapadana.
Tapi justru ku lantaran diragangan tea, Esih beuki teu neguh hate, beuki asa kasiksa. Manehna hayang bruk-brak balaka, hayang ngabudalkeun sakur anu dirasakeunana, sakur anu geus lila dipendem dina hatena, anu geus lila jadi beungbeurat jeung anu sahliana nyiksa dirina. Manehna hayang geura prak nyarita sabalakana, kalayan harepan hatena bisa bungangang ari geus ngabudalkeun sagala anu dirasakeunana mah. Tapi rasa teu werat masih keneh ngungkulan dirina.
Nepi ka burit, nepi ka peuting deui, Esih ngarengkol wae dina ranjang, dibaturan ku Wa Ita anu ngurutan bitisna. Sabot kitu Wa Ita nyaritakeun kaayaan di lemburta ti wangkid ditinggalekeun ku Esih. Nya nepi kana nyaritakeun Udi, popotongan Esih tea, anu bangbaungeun embung kawin deui, anu awakna beuki lila beuki begang lantaran micangeun wae Esih. Jeung sabot kitu, cipanona Esih nyaclakeun kana bantal, ngarasa dosa lantaran geus nganyenyeri Udi, jeung milu ngangres ngadenge kaayaanana.
Ari indungna, nemonan tatanggana anu ngaralayad di patengahan. Nya kitu deui tatanggana anu daratang teh henteu bisa papanjangan nanya itu-ieu boh ka Esih boh ka indungna oge, lantaran pada-pada ngaragangan deuih. Tapi kekeuh wae, samu langna ngalayad mah, dasar jelema ieu, tingkarecewis ngomongkeun:
„Tah geuning kitu antukna, awewe anu wangkelang teh,” cek nu saurang.
„Ari dikawin ku jelema anu bener-bener mah teu daek, ari ngahiji jeung jelema teu puguh bet daek,” cek nu saurang deui.
„Lebar teuing, budak sageulis-geulis nepi ka ruksak kitu.”
„Saha pijalmaeunana anu teu kagoda ku duit, di kota ieu!