Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/155

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Geura nya, mun buburuh paeh-poso mah paling-paling sabulan teh meunang gajih lima rewu. Tapi mun seug boga rupa hade, sakali ulin oge bisa meunang aya puluhna rewu. Saha anu teu kabita geura!” cek Bi Arti anu kungsi usaha di kota.

„Heueuh, ku duit mah gampang leah jelema teh. Dina jaman anu sakieu ramijudna, naon deui sabenerna anu ku urangbkudu diraksa? Iwal ti iman!” cek Nini Paraji nengahan.

„Doraka ti salaki,” cek nu lianna deui. Ditema ku nu saurang deui: „Geus kitu mah jadi randa enyaan, lain randa bengsrat!” Ditempas ku Nini Paraji deui: „Tapi beda jeung randa enyaan oge, pan ieu mah teu kadenge kawin heula, sabada jadi randa bengsrat teh!”

Nepi ka isukna deui, Esih tacan balaka ka sasaha. Malah nepi ka buritna deui, sapopoe Esih teh diantep wae disakarepnakeun, teu ditalek teu ditanya, boh ku indungna boh ku bapana oge. Indungna ongkoh-ongkoh wae digawe cara sasari, atuh bapana samulangna ti sawah teh ngan ukur humandeuar. Hal ieu ngalantarankeun Esih lain wae nyeri hate, tapi beuki asa kasiksa. Sakapeung teu ngeunah cicing, elekesekeng jeung teu puguh rampa, sakapeung malaweung wae jararauh panineungan, sakapeung ngaheruk, pikiranana pejeujeut teu puguh leunjeu ranana jeung sakapeung deui morongkol wae di kamar bari teu weleh reumbay cipanon.

Dunya jembar, dunya suka-bungah nu baheula, geus leungit teuing ka mana. Dunyana nu ayeuna beuki heureut, asa teu mahi keur sadirieun oge. Malah manehna ngarasa rumingkang lain di dunyana. Rek ka ditu ka dieu era, rek nyarita balaka satarabasna teu luas ari teu ditalek heula mah, sedeng cicing wae di imah asa cicing di naraka-dunya anu teu weleh nyiksa dirina.

Antukna, nepi kana pikiran pondok. Harepanana anu dipibanda keneh najan saeutik jadi ilang musnah. Hatena jadi kosong-molongpong, sakabeh lawang geus mareundeut!

153