25
JAMBATAN CIBANGKA
Bada magrib, sanggeus reup poek, salelembur jadi gujrud. Kabeh jelema budal ti saimahna-saimahna neangan Esih. Bi Arni wara-wiri bari midangdam. Nu tinggorowok, nu nyalukan, nu nanyakeun, raong di mana-mana. Nu ngasruk ka kebon, nu narempoan kolong, nu arindit ka balong, cindekna sakur tempat-tempat anu katimbang baris bisa dipake nyumput mah diubek kabeh. Geus komo ari ka imah Wa Ita, ka imah Nyi Kuwu jeung Wa Umi mah. Tapi weleh Esih teh teu kapanggih.
Inditna ti imah teu kanyahoan, indung bapana teu kapamitan, ka mana leosna taya nu nyaho. Kabeh taya nu bisa nerangkeun, kabeh taya nu pajeung.
Beuki peuting, beuki poek, kabeh beuki hariwang. Komo indungna mah, teu eureun-eureun midangdam bari rawah-riwih ka ditu ka dieu nyalukan Esih. Mang Wakijan wara-wiri, kahariwangna nambah kacape, nepi ka antukna mah jadi leuleus lungse.
„Marawa obor euy! Marawa lampu!” cek jelema anu keur nareangan tinggorowok. „Mawa patromak ongkoh ambéh caang!”
„Ngulon sawareh! Ka sawah sawareh!” cek ngabihi milu ngatur. „Sawareh deui ka landeuh! Tah nu ngorao mah ka ditu, ka lebak Cibangka!”
Nu diatur teu taralangke deui, saiteukna saoborna, salampuna sabedogna. Geus puguh euweuh di jero lembur, jelema riab kabeh ka saban jurusan bari tinggorowok nyalukan Esih.
***
Jalan anu karehol ku koral, jeung jambatan anu tihang katut galagar beusina geus taihiangan, ka bireungeuhna jadi hi-