Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/157

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

deung dina poekna peuting. Dina jambatan, Esih naleukeum kana galagarna. Manehna nempo ka handap. Poek mongkleng. Ngan sakapeung sok katenjo patinggurilapna cai mun aya kingkilaban anu ngajorelat. Sora cai nu nyeblokan batu taringgul teu pati sidik kadengena. Sora curug ti tebeh girang, hawar-hawar gumuruhna kabawa angin. Gawirna anu lalungkawing, pajeujeut ku areuy-areuyan jeung pinuh ku rungkun ruyuk, katenjona kabeh harideung. Langit angkeub taya bentangan. Ceudeum hideung. Ngan sakapeung di beh wetan kilat patingjorelat.

Esih nempo keneh ka handap bari maparah palebah mana pihadeeunana luncat, sajeroning perang sabil dina hatena.

„Geura luncat! Rek naon hirup di dunya, da geus teu boga tempat rumingkang ieuh!”

„Kumaha ieu kakandungan? Meureun milu maot!”

„Leuwih hade paeh babarengan, da kakandunganana oge henteu sah ieuh! Keur naon hirup oge, da engkena jadi budak jadah, budak haram!”

„Budak mah teu tuah teu dosa. Taya kawajiban pikeun nanggung dosa batur, sanajan dosa indungna sorangan.”

„Heueuh, tapi rek ngarep-ngarep naon hirup di dunya Hirup di dunya teh apan kudu puguh tujuanana, kudu puguh hontaleunana.”

„Dosa, maehan maneh teh dosa! Moal dipirido ku Pangeran.”

„Naha lamun terus hirup baris dipirido ku Anjeunna?”

Nepi ka dinya Esih ngarasa cangcaya. Cangcaya naha Pangeran baris maparin pangampura atawa henteuna,

„Pangeran maha adil, sipat murah, maha asih!”

„Tapi naha jelema anu geus boga dosa dipiasih keneh ku Anjeunna?”

„Tangtu wae moal mah, malah dilanat! Naraka jahanam pitempateunana!”

Esih nadahkeun leungeunna ka luhur, bari nenggak manehna ngucap sajeroning ati:

„Gusti! Mugi Gusti kersa nampi abdi di alam baka .......

155