Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/158

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Abdi parantos teu kiat rumingkang di dunya ........”

Tapi manehna inget deui, yen lamun maehan maneh hartina maehan anakna-ongkoh anu masih keneh dikandung.

„Dosa aing jadi lipet-lipet gedena. Kahiji dosa nu dibawa, kadua dosa maehan maneh, katilu dosa maehan anak.”

Tuluy nempo deui ka handap anu katenjona beuki poek mongkleng. Angin, curug, sora cai anu nyeblokan batu geus euweuh anu kadenge. Taya sora, taya rupa, nu aya ngan dirina jeung poek. Poek alamna, poek hatena.

„Geura luncat!”

„Moal nyeri?”

„Ulah sieun! Cek doktor oge lamun sieun paeh sarua jeung sieun hirup.”

„Aing baris nepi ka pati di dieu?”

„sakumna mahluk nu hirup baris ngalaman. Pati teh sabagian tina hirup urang. Teu ayeuna tangtu jaga.”

„Tapi mending ayeuna atawa mending jaga?”

„Jaga mah nambahan deui dosa.”

„Tapi bisa keneh tobat ka Pangeran Nu Welas Asih.”

„Tapi geus teu kuat rumingkang di dunya, teu kawawa mamawa dosa. Naon deui nu diarep-arep? Ayeuna geura luncat!”

Esih ngacungkeun leungeunna rek luncat, bari cara tadi ngucap deui sajeroning ati:

„Mugi Gusti kersa nampi abdi di alam baka. Mugi Gusti ngahapunten samudaya kalelepatan abdi.” Sarta bari terus nenggak manehna ngucapkeun pileuleuyan ka sakumna nu ditinggalkeun: „Pileuleuyan embi, mama, uwa! Pileuleuyan ceu Ikah, ceu Mimi! Pileuleuyan Kang Kohar, wilujeng kantun” .......... Leungeunna ditadahkeun beuki luhur, sukuna anu nyorodcod dikuat-kuatkeun .........

Reup Esih meureumkeun panonna. Ngan aya keneh tetenjoanana mah. Mimiti cahya hurung ngempur. Lila-lila jadi koneng, beuki koneng, tuluy mimiti muntir mangrupa puseuran cahya. Muntirna beuki cepet, beuki cepet jeung tingjorelat. Sukuna beuki nyorodcod, sarta karasa awakna beuki leuleus, nepi

156