ka leungeunna anu nadah teh jadi ngulapes. Reup cahya nu muntir leungit. Reup poek visan, taya nu katenjo taya nu kadenge ....................
* * *
Ti tebeh hilir jelema anu marawa obor maju ka girang. Hawar-hawar sorana, tinggorowok nyalukan Esih. Aleutan nu ti sawah, anu kabeh oge marawa obor jeung lampu maju ngetan, kawas ngahaja maranehanana pasini rek patepung di jambatan. Nya kitu deui rombongan anu mapay jalan sawah oge tinggorowok nyalukan Esih. Tapi Esih geus teu bisa nenjo teu bisa ngadenge naon-naon ....................
* * *
Esih peureum keneh. Dina poekna tetenjoan, ngalangkang indungna anu keur midangdam nyeungceurikan, nepi ka gugulingan lolongseran. Les leungit. Jol Wa Ita, jelema anu ayem tengtrem, nu geus sirna tina karudet dunya. Tuluy Kohar anu keur geugeut ngeukeupan, nembongan deui basa keur namplokkeun kaasihna mimiti pisan. Ngan sakolebatan, les leungit. Jol Udi, popotonganana, anu cek uwana kabungbulengan nepi ka embung kawin deui. Ngan sakolebatan deuih. Breh ranjang pangantenna anu tacan kungsi dipake. Bray cahya beureum cara tadi anu robah jadi koneng, tuluy museur cepet pisan, beuki cepet nepi ka tingjorelat.
* * *
Harita Kohar kakara jut pisan tina mobil di hareupeun imahna, ujug-ujug jebot ditonjok ku Ardita palebah sirahna ti tukang nepi ka tijongjolong, bluk labuh. Barang malik rek hudang, Ardita datang mepeg pipina ku peureup buleud, blak Kohar ngajengkang. Sanggeus kapikir mo bisa walakaya, goak Kohar menta tulung.