„Lamun enya sia lalaki, ulah menta tulung!” Cek Ardita bari jekok najong kana palebah biritna. „Dikamanakeun Esih ku sia, bajingan!” Jekok, jekok, najongan deui sababaraha kali.
Kohar teu ngawalonan. Manehna humaregung menta tulung. Bujangna nonghol tina lawang, ngajeunghok tuluy olohok matasimeuteun sajongjongan. Ari geus inget deui, kakara manehna nyidik-nyidik, da sanajan aya listrik oge di dinya mah rada poek meueusan. Ngan tina sorana, najan rada hamham oge manehna nyahoceun sora dununganana. Tapi teu bisa majar kumaha, lantaran di dinya aya anu ngabedega dibaju hideung.
Kajurung ku amarahna, Ardita ngarontok. Brek dada Kohar ditumpakan, teuheungna dicekek.
„Tuduhkeun! Di mana Esih ayeuna!? Dibawa kabur ka mendi ku sia?”
Kohar ampun-ampunan, tapi sorana teu bisa bekas lantaran eungap dicekek. Untung sabot kitu teh bujangna gogoakan menta tulung, nepi ka tatanggana rabut nyalampeurkeun. Ardita ditarik, nu papuket dipisahikeun ku sarerea.
„Nanaonan ieu teh!? Nanaonan?”
„Ngahajar bajingan, minggatkeun pamajikan kuring!” Cek Ardita.
Kohar ngajehjer wae teu bisa hudang. Awakna garaneuk jeung babak-belur. Tuluy dihudangkeun ditarulungan. Tapi ari ka Ardita mah maranehna teu bisa majar kumaha, da nyebut minggatkeun pamajikanana tea.
Geus lila saenyana Ardita neangan Esih. Tungtungna manehna nyahoceun yen Esih teh dipinggatkeun ku Kohar. Nya harita, dina peuting eta, kakara manehna bisa ngahajar Kohar. Sedeng Esih anu diteanganana, anu keur diincer-incer baris dicandung, peuting harita teh ngajengjen keneh dina jambatan Citangka, nempo kana lebak anu poek mongkleng.
***
„Esih! Esih! Esih! Di mana maneh teh?”
Nu neangan Esih tinggorowok keneh. Nu ti hilir, nu ti girang, nu ti wetan jeung nu ti kulon masih keneh asruk-asrukan. Saban nu poek dioboran, saban nu bala disraksrak.