Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/161

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

{Gorowok anu tiwetan:,,Heuy! Geus timu, henteu?"

Diwalon ku nu ti kulon: ,,Tacan! Euweuh di kulon mah!"

,,Esih! Esih! Esih!"

,,Dibawa kelong meureun!" Ceuk nu saurang.

,,Disumputkeun jurig ge bisa jadi!" Walon nu lianna.

,,Lebar ku geulisna dewek mah, mana daek neangan oge. Keun wae reuneuh mah, da engke oge sampulur deui." Cek nu saurang.

 ,,Mun timu ku dewek, moal inggis-inggis rek dipangku. Hayang ngasaan mangku nu geulis." Omong baturna.

***

Sora jelema nu tinggorowok, sora curug nu ngaguruh, sora gugur nu tingguludug, samasakali teu kadengeeun keneh wae ku Esih mah. Alam sabudeureunana beuki poek, beuki hideung, beuki ngajurung kana pati.

Manehna nenggak deui, neuteup ka luhur bari nadahkeun leungeunna, sarta ngucap deui sajeroning ati:

,,Gusti, hapunten abdi. Mugi Gusti kersa nampi abdi di alam baka. Abdi parantos teu kiat hirup di dunya......" Tuluy manehna ngucapkeun deui pileuleuyan cara tadi. Sanggeus kitu leungeunna duanana diteueulkeun kana angenna. Pek manehna nempo deui ka handap. Ayeuna kasawang batu anu taringgul, kasawang sirahna peupeus, awakna rikes ninggang batu. Reup manehna peureum deui, sukuna dijegangkeun, taki-taki rek luncat. Panineungan-panineungan nu matak tibelat ku manehna ditunda, harepan-harepanana dipiceunan, anakna anu dikakandung keneh dipopohokeun. Gadona nyawet, huntuna kumerot, beuki lila sirahna beuki tungkul, tuurna beuki nyorodcod.......

Langit beuki angkeub. Pihujaneun kari sabregeun.

***

,,Hey! Saha itu anu nangtung dina jambatan?"

,,Enya euy! Esih meureun!" Walon nu saurang deui.

,,Esih! Esih! Esih! Ke heula! Dagoan!"

Breg jelema anu marawa obor jeung lampu teh muru kabeh kana jambatan paheula-heula bari tinggorowok:

,,Esih! Esih! Esih!"

159