Ieu kaca geus divalidasi
„Ieu euy! Tulungan!" Cek nu pangheulana.
Barang breg jelema narepi kana jambatan, Esih geus ngarumpuyuk, nambru teu nangan. Tuurna teu kuat dibawa nantung lila-lila.
Breg pada ngaronom. Regeyeng Esih dipangku, digotong ku tiluan, bring dibawa balik, diiringkeun ku jelema sakampung nu marawa obor jeung lampu.
Sapanjang jalan Esih sumegruk, diaromongan ku nu ngagotongna.
160