Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/163

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

26

WAKCA BALAKA

Datang ka imahna Esih teh dideugdeug deui. Nu narepungan, nu panasaran hayang nyaho jeung anu ngalayad meh teu kaampihkeun, meh sarua ramena jeung basa Esih kawin ka Udi, ngan beda suasanana. Tapi anu daratang teh teu bisa lila di dinya, da kaburu breg hujan gede meueusan. Buriak sarerea baralik deui ka saimahna-Saimahna.

Esih ngarengkol ngareureuhkeun kacapena, diriung-riung ku indungna. Wa Ita, Wa Umi, Nyi Kuwu jeung Ikah. Ari bapana, Mang Wakijan, candukul dina korsi di tepas hareup, ngelepus udud, dibaturan ku Mang Parta. Memang Mang Parta ngahaja ninggalkeun maneh teu buru-buru balik, ngarah bisa ngabeberah, ngabangbalerkeun jeung ngabebenjokeun nu keur bingungeun.

Mimitina Esih dinaha-naha, ditalek naon sababna nepi ka rek luas bibilasan kitu. Tuluy diaromongan ku sarerea piligenti. Tapi Esih mah ngan kucap-kiceup wae, teu bisa ngawalonan teu bisa nempas. Sabab aya anu keur dirarasakeun ku manehna. Awakna nyareri, lalinu, asa barebek jeung asa laloncer satulang-sandi. Ngan sanggeus nu ngaromonganana repeh kabeh, tungtungna mah manehna bisa wakca-balaka, nyaritakeun lalakon jeung paniatanana:

„Mimitina abdi teh kataji jeung kahudang ku piwulang Ceu Ikah jeung ku eusi buku-buku anu kabaca ku abdi ngeunaan perjoangan wanita.” Omongna muka carita. „Abdi kahudang sumanget hayang milu berjoang, hayang milu icikibung dina pergerakan wanita. Cita-cita abdi anu ti heula, anu kungsi dipibanda ti bubudak, kayaning hayang boga imah alus, hayang beunghar, hayang loba anu ngawulaan, hayang gandang-ginding, hayang lubak-libuk sagala nyampak, kabeh ku abdi diteken, disidem jeung dipendem. Lantaran ku kasadaran jeung ku kayakinan anu anyar eta cita-cita teh geus teu kapake, ku sabab sipatna peodal jeung kolonial tea, cara anu kungsi ku abdi diterangkeun ka Bi Kuwu

161