Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/164

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bareto geuning.”

„Heueuh. Geus kitu?” Nyi Kuwu megat kalimah.

„Nya tuluy abdi milu asup kana organisasi wanita babarengan jeung Ceu Ikah, malahmandar boga pangalaman, boga kanyaho, Jeung kahayang mah milu berjoang enggoning nanjeurkeun hak-hak ajasi kaom wanita pikeun ngahontal kamerdikaan anu sarua jeung lalaki, melakkeun rasa pangaji diri di kalangan wanita jeung sajabana.”

„Kaharti,” cek Wa Ita.

„Abdi nepi ka pepegatan jeung Ka Udi, malah teu kungsi hade heula. Abdi pasea jeung taokeh, pasea jeung Tuan Narto, pasea jeung Ardita, taya lian lantaran abdi ngarti kana naon anu keur diperjoangkeun. Tapi tuluy abdi wawawuhan jeung Ceu Mimi anu ngelingan abdi yen awewe mah, nyaeta urang kaom wanita, bisa soteh merdika jeung berjoang keur kapentingan sosial boh nagara, ngan satungtung lelengohan. Da ari geus boga rumahtangga, boga salaki, boga anak anu kabeh oge urusaneun, awewe mah kudu mulang kana rumahtangga deui wae. Sarta kalawan jujur abdi teh ngaku deuih, yen hayang narima kaasih ti lalaki, hayang namplokkeun kaasih ka salaki, nya kitu deui ka anak mun geus boga mah. Cindekna, kalawan jujur abdi ngaku deuih, yen henteu bisa hirup tanpa sumender ka lalaki, nu dipimaksud teh kahirupan anu loyog jeung kahayang katut cita-cita, anu ideal cek basa deungeun mah.”

„Enya bener.” Cek Wa Ita deui megat kalimah.

Nyeh bapana anu keur candukul di tepas teh imut deui bakating ku kagugu, turta inget kana omongan-omongan Esih bareto deuih.

„Tungtungna abdi nurut kana pangaku jeung kajujuran abdi. Atuh sagala kahayang sareng cita-cita anu dipendem teh budal deui. Abdi hayang boga salaki, hayang ngawangun rumahtangga, hayang namplokkeun kaasih abdi jeung hayang narima kaasih salaki. Nya perjoangan abdi teh robah deui, mun cek Ceu Ikah mah jadi mundur deui, nyaeta jadi berjoang neangan jodo, neangan lalaki. Kabeneran abdi wawuh jeung hiji lalaki nyaeta Kohar, anu nya kasep nya beunghar, boga mobil, boga pausahaan

162