Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/165

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dagang anu gede di Jakarta. Duka kumaha, da geuning abdi jadi bogoh ka manehna teh, katambah-tambah_ kabita ku banda-pakayana deuih. Nya abdi teh „berjoang” satekah-polah, sabisa-bisa, sangkan manehna bogoheun ka abdi, sangkan manehna asiheun ka abdi, sangkan manehna jadi salaki abdi, nepi ka abdi daek sumerah, nepi ka abdi daek nyerahkeun raga sabeuleugeunjeur, dapon manehna daek jadi salaki wae. Nya ku margi anu diperjoangkeun ku abdi teh sanes kamerdikaan paripurna, ku margi robah tea, tungtungna abdi jadi wadal.”

Nepi ka dinya eureun heula nyaritana. Manehna nyusutan heula cipanon. Nu sejenna taya nu lemek, rarepeh bari ngadago.

„Tapi, barang ku abdi diajak kawin ........ .’ cek Esih bari dumareuda. Nyaritana teu dikebatkeun, nginghak heula dua-tilu kali, kakara dipindo deui:

„Tapi, barang ku abdi diajak kawin, manehna teh henteu daekeun, sabab ngagem agama anu beda jeung abdi. Manehna ngagem agama ........ Kristen!”

Harita keneh sakabeh nu ngariung papelong-pelong, tuluy orolohok sajongjongan mah. Bari mancegkeun hatena pok Esih nyambung deui:

„Abdi henteu hayang sarta teu suka asup Kristen. Nya kitu deui, abdi henteu miharep Kohar asup Islam, lamun dasarna ngan ukur hayang kawin ka abdi. Lain iman! Abdi yakin, mun jelema asup Islam lantaran kitu jalanna, pasti Pangeran Nu Maha Asih oge moal ngawidian. Cindekna moal dipirido ku Anjeunna. Margi cek abdi mah akad kitu. teh sami wae sareng ngahinakeun agama. Sareng ku margi eta abdi rido jadi korban. Langkung sae abdi ngorbankeun raga batan ngorbankeun iman anu alhamdulillah sanajan ipis oge dipibanda keneh ku abdi.”

Kabeh nu ngariung arunggut-unggutan nandakeun satuju kana bebeneran Esih. Nya kitu deui bapana anu candukul di hareup, anu ngabandungan jeung Mang Parta, unggut-unggutan, malah make diimplik-implikan sagala, pokna teh sajeroning hate:

„Na boga pangarti ti mana anak aing teh, bet bisa nepi ka dinya pikiranana?”

„Eta margina sabada abdi terang yen Kohar ngagem agama

163