Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/166

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kristen, abdi teh henteu ngajak sarta henteu ngarancang deui kawin. Ti harita abdi pasrah sadrah ka Pangeran, kalayan rido pisan bade narima sagala hukuman anu bade ditibankeun ku Anjeunna ka abdi, padahal sanes dosa abdi tea. Mung teu weléh sareg teu kentak-kendat ari neneda dihampura mah, tobat ka Anjeunna sarta neneda dipaparin kakiatan sareng katawakalan.”

Curukuk cipanon indungna, cipanon uwana, cipanon Ikah, meh bareng reumbay kabeh, sarta teu lila kadenge patingaringhak …………

„Nu jadi bibit kasalahan teh nyaeta mengkolna perjuangan maneh, Esih.” Cek Ikah bari dumareuda. „Maneh hayang buru-buru ngahontal tujuan. Tapi ku lantaran teu bisa buru-buru kaontrol, maneh mengkol. Padahal, eta cita-cita teh moal bisa buru-buru kaontrol ku perjuangan sosonaran, tapi kudu ku revolusi!”

Esih henteu nempas, henteu nyumuhunan deuih, da harita mah teu kaduga mikiran.

„Pangalaman maneh kudu jadi api anu ngahudang sumanget pikeun perjuangan satuluyna, Esih. Tapi ti ayeuna, maneh kudu bisa mulang deui kana jalan anu dipirido ku Pangeran jeung anu baris kungs diilokanan ku maneh kalayan temenung ludeung.” Cek Ikah deui.

„Cek Uwa mah anu jadi bibit kasalahan teh nyaeta, kurang panog iman, nepi ka gampang kagoda ku setan. Taya nu ngalanglang beja, malah dina agama oge wajib hukumna. Tapi berjuang teh kudu dina jalan anu dipidiro ku Pangeran. Ku sabab eta, angger milu berjuang teh kudu patugsa iman. Perjuangan tanpa iman, salawasna dibarengan ku setan. Geura tobat ti ayeuna keneh ka Gusti Nu Maha Welas-Asih, sarta geura neneda ka Anjeunna supaya dipaparin pituduh jalan anu bener, anu dipidiro ku Anjeunna.” Cek Wa Ita bari nyusutan cipanonana.

Esih angger cicing wae, teu ngawalonan. Tapi hatena jadi bungangang, lalega, sabab sagala rupa anu tadina dirasakeunana teh geus dibudalkeun kabeh. Sogongongan regeuh taya nu lemek taya nu nyarek. Peuting geus jempling, hujan ngaririncik keneh.

Sabot regeuh kitu ujug-ujug kadenge Esih humarurung.

164