Ieu kaca geus divalidasi
nandakeun kanyeri, sarta pok nyarita:
„Embi, uwa, abdi karasa beuteung” .........
Sarerea curinghak. Ikah ngojengkang, indit ka tepas nitah Mang Parta neang Nini Paraji. Kabeneran teu jauh, da tatanggana anu jadi paraji teh. Indungna jeung nu sejenna sasadiaan jeung bebenah.
„Aduh, ieu awak asa raremek, lalinu, asa laloncer satulangsandi,” omong Esih bari humarurung.
„Sabar heula, eulis,” walon Nyi Kuwu.
Di luar hujan angger ngaririncik. Teu kungsi lila, Nini Paraji datang, kalacat unggah ka patengahan, tuluy asup ka kamar. Esih diurusanan ............
165