Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/168

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

27 PANUTUP

Reg mobilna eureun palebah alun-alun. Jut Kohar jeung Mimi tarurun. Teu hese neangan imah Esih teh, da Esih kungsi nyaritakeun ka Mimi yen imahna di tukangeun bale desa. Breg barudak ngaronom. Mobil nu hurung-herang teh diriung-riung jeung dicarabakan. Kolot-kolotna narongol tina panto, tingeuleungeung ti kebon jeung tingkecewis patanya-tanya.

Kasampak Esih teh di imahna keur diriung-riung keneh ku indung-bapana. Wa Ita, Wa Uni, Ikah jeung anakna, Nyi Kuwu jeung Bi Uwi deuih. Geus dua kali Esih karasa beuteung, tapi tacan keneh brol ngalahirkeun.

Mimitina indungna nu deudeupeun dumeh katatamuan ku jelema kasep anyar pinanggih. Tuluy bapana ngorejat, gura-giru asup ka pangkeng ngahagal disalin heula. Ari nu sejenna narongol tina panto kamar. Ngan Ikah anu tenang teh. Manehna buru-buru ngamanggakeun bari ngebutan korsi ku moceng buluhayam.

Sanggeus dariuk, darehdeh pisan Nyi Mimi nyaritakeun pamaksudanana, yen ngahaja datang ti Jakarta mapaykeun Esih. Ari Kohar ngan sura-seuri wae jeung sakali-kalieun ngahaminan omongan Mimi. Geus kitu mah atuh burudul nu ti jero kamar nyalampeurkeun, diwawuhkeun ku Ikah jeung Mimi bari nyaralam. Ngan Esih anu ngarengkol wae di kamar teh, ngadedempes bari ngadedengekeun.

Teu hamhameun deui, manehna geus wawuheun kana sora Kohar jeung Mimi. Ku sabab eta, hatena ngaguligah deui. Asa beuki rungsing, asa tambah era, tapi jeung aya sari-sari bungah deuih, asa dilayad.

Barang Nyi Mimi anu dianteur ku Ikah asup ka kamar, teu antaparah deui manehna ngarontok ka Esih, ngagalentor nyiuman jeung nyeungceurikan. Ngan sakalimah anu kadenge ku Esih harita:

„Deudeuh, eulis, ku naon ayi teh bet kikituan atuh?“

166