Esih henteu ngawalonan, henteu nyarita naon-naon. Ngan cipanonna wae nyuruluk deui.
Satuluyna anu ngariung teh jadi dua riungan. Riungan awewe pada awewe di kamar Esih, jeung riungan lalaki nyaeta Kohar jeung Mang Wakijan di tepas hareup. Ari Ikah indit ka dapur jeung Bi Uwi rek nyadiakeun cai.
Mang Parta, tatanggana tea, anu nyahoeun katatamuan, nyampeurkeun, teu asa-asa. Manehna diwawuhkeun ku Mang Wakijan. Milu tunyu-tanya, wanci kumaha sumping, sareng saha, iraha ti Jakartana, nunggang naon jeung sapapadana. Teu lila manehna di dinya, tuluy indit ka alun-alun, ngagebah barudak anu keur ngaronom ngarusapan mobil tea, sarta ngajak supirna sangkan ngeureunan di imah Esih.
Tapi sainditna Mang Parta, tatanggana nu sejen jul-jol deui narepungan, harayangeun nyaho, harayangeun sidik jeung harayangeun wawuh ka tatamu tea. Dalah kuwu jeung ngabihi oge ngahaja narepungan. Nya nepi ka reup poek, nepi ka dur magrib mah, piligenti wae anu narepungan teh.
Peutingna, bada isa, sanggeus rareureuh jeung sanggeus disaruguhan dahar, tatamu jeung pribumi teh ngariung kabeh di tengah imah. Kohar, Mang Wakijan, Esih, Mimi jeung Ikah dariuk dina korsi. Nu lianna aremok dina dipan. Ngan supirna anu euweuh teh, da keur diajak ulin ku Mang Parta. Wangkongan dibuka ku Nyi Mimi anu alewoh nyaritakeun lalampahanana.
„Ceuceu teh yi, dipaksa diajak ka dieu ku Kang Kohar, menta dianteur cenah bisi sasab. Hadena wae engkangna ngawidian, malah ngajurung miwarang ngajajapkeun, magar teh karunya, jeung sugan wae jadi hikmah pikeun urang cenah.”
„Geuning uninga jalanna?” Cek Bi Arni, indungna Esih tea, megat kalimah.
„Apan Yi Esih kantos nyarioskeun ka abdi, embi. Sareng abdi oge atuh da saleresna mah sanes nu tebih. Ayeuna mangkuk di Jakarta soteh, da ari kawit mah apan ti dinya ti Ciawi.”
„Ciawi ieu, nu caket?” Cek Nyi Kuwu bari nunjuk ngaler.
„sumuhun, Ciawi ieu. Atuh ka dieu teh da bari bade sakantenan silaturahmi ka sepuh deuih.”