Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/170

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

,,Nuhun wae ari caket mah.” walon Bi Ami. ,,Dikinten teh tamu teteh. Aeh, sumuhun. Aeh, sumuhun, Esih oge apan kantos nyarioskeun yen sering nganjang ka Ceu Mimi cenah. Ceu Mimi ieu, Esih?”

,,Muhun." walon Esih bari unggeuk.

,,Sumuhun, sering nganjangna ka rorompok teh, da parantes henteu asa-asa, parantos sepertos sareng saderek saindung-sabapa wae putra sareng abdi teh."

,,Nuhun wae, atuh" Walon Bi Arni deui. Tuluy mengkol nanya ka Kohar, pokna teh:

,,Dupi teu alo, punten wae, kawit teh ti Ciawi deuih?”

,,Sanes abdi mah,” walon Kohar. ,,Dupi kawit mah sakaemut ti Bandung. Pun biang sareng pun bapa oge araya keneh di Bandung deuih. Mung abdi wae anu mangkuk di Jakarta teh. Eta ku pun bapa dipasrah ngurus padamelan."

,,Euh, sumuhun. Atuh nembe pisan angkat ka dieu mah?”

,,Sumuhun, nembe pisan ayeuna.”

,,Tah geuning kitu kaayaan di lembur mah,” cek Mang Wakijan. ,,Tariiseun, calombrek, taya pisan karamean.”

,,Sumuhun, nanging raresep, ayem-tengtrem, henteu sapertos di kota rariwuh wae nu aya."

Sanggeus ngawengkongna bras ka ditu ka dieu kalayan henteu puguh pokna, henteu puguh leunjeuranana, kakara Kohar nyaritakeun hubunganana jeung Esih, ti mimiti pisan nepi ka wawuh, nepi ka daek sagulung-sagalang jeung satuluyna nepi ka Esih indit teu bebeja, imeut pisan taya nu kaliwat. Tuluy manehna nyaritakeun yen henteu bisa buru-buru kawin jeung Esih lantaran beda agama tea, sedengkeun upama henteu ngahiji duanana oge ngarasa beurat. Disambung deui ku nyaritakeun kabingung jeung kasieun anu salawasna ngukuntit wae, anu salawasna nyiksa hatena, lantaran rumasa dosa tea.


,,Abdi teh rumaos dosa. Bade dibeureum bade dihideung oge mangga pisan. Abdi sumerah. Nanging abdi teh taya kendatna nyuhunkeun dihapunten sareng tobat ka Pangeran mah. Sanaos kitu keukeuh hate abdi henteu ngaraos tengtrem, henteu ngaraos aman, beuki lami kasieun beuki ngungkulan. Karisi, kagimir, kainggis, karaos saban rumenghap. Iraha wae, di mana wae, wanci

168