Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/171

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kumaha wae, teras-terasan abdi ngaraos kasiksa, abdi ngaraos kenging bebendon Nu Maha Kawasa. Ka Pangeran raraosan teh beuki lami beuki tebih, da beuki sieun ku bebendonna, da beuki paur ku hukumna. Nya ku margi eta, ku margi ngaraos kasiksa taya kendatna tea, ku margi abdi poekeun teu terang jalan anu mana anu pangsaena geusan tobat ka Pangeran, ku margi abdi poekeun teu terang kumaha carana anu nyuuh ka Anjeunna, abdi teh panasaran hoyong terang kumaha jalan-jalanna dina Islam. Nya abdi teh ngawitan mah naroskeun ka Esih. Teu sangka seueur pisan abdi kenging bongbolongan ti anjeunna, malah dugi ka abdi daek maca Al-Qur’an.”

Nepi ka dinya Kohar eureun heula nyaritana. Nu sejen repeh kabeh ngabandungan jeung sabar ngadago tuluyna. Nya ku sabab taya nu nyelang nyarita, pok Kohar nuluykeun deui:

„lsinna mah sakalangkung abdi teh. Sareng kasieun, duh, taya papadana dugi ka sesah nyarioskeunana. Isin sareng sieun ku diri abdi pribadi, isin sareng sieun ku sepuh, isin sareng sieun ku Pangeran Nu Maha Kawasa, dumeh abdi parantos kalepasan ngalampahkeun laku nirca, anu tangtos kanggo saha wae oge jadi bebendon. Nanging ari diemut-emut mah abdi teh da henteu pisan gaduh rarancang bade nirca kitu. Demi Allah, bujeng-bujeng wasa ngararancang, margi raraosan mah ari nuju eling mah ku abdi teh disingkahan pisan lampah nirca teh. Duka atuh naon margina, abdi dugi ka tigebrus ka dinya,.duka kausap iblis, duka kaajak setan, duka parantos takdir abdi. Weleh teu kahartos ku abdi oge. atanapi tiasa jadi hal eta teh mangrupi jalan keur abdi sangkan iman.”

Kohar eureun deui nyaritana, kaselang ku Wa Ita anu batuk ngohkoy sababaraha kali. Kakara sanggeus repeh deui, manehna nuluykeun:

„Salajengna, saparantos abdi ngemutan, nengetan, mikiran, sareng nimbang-nimbang sae-henteuna, leres henteuna samudaya anu diwulangkeun dina Islam, boh ti Esih boh langsung tina Qur’an, boh kenging tataros ti nu sanes, ku abdi kahartos yen geuning ummat Islam mah caket pisan ka Pangeran malah salamina aya di sisi Anjeunna. Ku abdi karaos sareng kahartos deuih, yen Islam teh disayagikeun kanggo jelema supaya iman, sangkan

169