Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/172

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sabar, tawakal, kiat nandangan cocobi, sangkan jelema ibadah lumampah dina jalan Allah, sangkan tarekahna karana Allah. Nya dina Islam abdi mendakan pituduh pikeun hirup rukun anu dipirido ku Pangeran. Nya dina Islam abdi mendakan jalan pikeun tobat, pikeun marek ka Anjeunna, Pangeran Nu Welas-Asih. Sareng nya dina Islam abdi pinanggih sareng katengtreman hate, karapihan batin, sareng leres-leres tiasa ngaraoskeun nimat paparin Allah. Nanging kapercantenan abdi anu ti payun oge kalintang kiatna deuih. Nya dugi ka kajantenan perang sabil dina diri abdi. Alhamdulillah. Sanes ku margi abdi hoyong nikah sareng Esih, sanes ku margi abdi heman ka anak anu keur dikakandung keneh, nanging ku margi abdi percanten kana samudaya dawuhan Allah, ku margi abdi hoyong ibadah dina jalan Islam, ku margi abdi hoyong tobat dina jalan Islam, demi Allah, abdi teh parantos lebet Islam, can lami pisan disaksenan di Kantor Urusan Agama.”

„Alhamdulillah,” cek sarerea meh bareng.

Curuluk cipanon Esih nyuruluk mapay pipina. Tuluy bari nutup beungeutna manehna inghak-inghakan.

„Ku margi eta,” sambung Kohar deui husus ka Esih. „Ku margi eta, demi Allah Pangeran Nu Welas-Asih, demi kaheman ka nu jadi anak, demi kaasih antara urang, Esih, hayu urang nikah wae! Urang teruskeun perjoangan urang dina jalan Allah. Mugia Allah maparin jalan anu dipirido ku Anjeunna, mugia Allah ngaijabah sagala anu dicita-citakeun ku urang, mugia Allah maparin rahmat sareng nangtayungan salamina.”

„Amin,” cek sarerea.

„Allah maparin rahmat ku rupa-rupa jalan,” cek Mang Wakijan.

„Allah ngayakeun setan jeung iblis anu ngagoda, sangkan manusa ariman ka Anjeunna,” cek Wa Ita.

Ditema ku Nyi Kuwu: „Manusa mah teu daya teu upaya. Sagala kajadian anging pangersa Allah.”

Disambung ku Ikah: „Taya pijalmaeunana anu bisa ngalalangkungan pangersa Pangeran. Itu kajadian teh mangrupa rahmat paparin ti Anjeunna keur urang sarerea.”’

Esih sumegruk deui. Hatena bungangang asa papagih deui

170