Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/173

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

jeung diirina, asa papanggih deui jeung dunyana. Indungna teu bisa nyarita, ngan ukur reumbay cipanon. Nu sejen sabar ngadago. Sakolebatan Esih ingeteun deui ka Udi, tapi bari jeung inget kana hukumna jeung cita-citana. Krup manehna mungkup deui beungeut bari cengkat. Tuluy mgarenghap. Pok ngawalonan:

„Mangga,” wallonna dumareuda.

„Alhamdulillah,” cek sarerea deui.

Ditutup ku Wa Ita: „Esih, dawuhan Pangeran oge awewe mah kudu dipingpin ku lalaki.”

Tuluy repeh kabeh.. Jempling di alam wening ........

Bandung, 1964/1965.

TAMAT

CATETAN:

Ieu karangan teh kungsi dimuat dina majalah Mingguan Sunda taun ka-I, No. 5 nepi ka No. 25 (1965), jadi carita nyambung. Sabada dimuat, memeh dibukukeun, boh susunan boh bagian-bagianana aya nu dirobah deui jeung ditambah saperluna, nepi ka loba bedana jeung anu dimuat dina Mingguan Sunda teh.

Jus Rusamsi

171