1
PANGANTEN
„Tapi rek ka mana deui lamun henteu mulang ka lembur sorangan?" Cek pikirna anu rumegag. „Da sanajan kumaha wae oge tungtungna mah kudu balik. Indung-bapa, hiji-hijina palabuan geusan balabuh....“
Bari kebat leumpang manehna inget kana waktu-waktu anu geus kalarung, anu mo kalakonan deui. Sagala paripolah anu geus karandapan ngan kari tapakna, mo bisa diomean, mo bisa dipupus ngadadak. Kabeh geus katalanjuran. Sarta katineung kana mangsa-mangsa hirup manis keur pabubudak, ngajurung hatena hayang balik deui jadi budak, hayang mimiti deui nyieun sajarah hirup nu anyar. Tapi kahayang tinggal kahayang, da ari prakna mah ngan ukur ngalamun. Pangalaman pait anu nyiksa hatena jeung pangalaman manis anu matak tibelat, kabeh teu bisa dipiceun geus tinulis dina dirina, geus ngagurat dina tapakna. Sarta kalawan teu puguh mangsana, kabeh tilem-timbul dina ingetanana....
Harita, cek itu cek ieu, bagja meunangkeun Esih mah, budak nya geulis nya hampang birit, perceka reujeung berseka. Cek itu cek ieu, bagja meunangkeun Udi mah, nya kasep siga Arjuna, sopan surup ka lenjangna, getol usaha daek dagang makayakeun. Cek itu cek ieu, nurubcupu Udi jeung Esih mah, surup rupana sapapak bandana, taya basa beurat sabeulah. Atuh kolot-kolotna kabeh oge daroaeun pisan deuih. Ngan aya sawatara urang barudak ngora, boh parawanna boh bujangna, anu ngarasa sirik dumeh asa karebut nu kapicangcam.
Peutingna, piisukaneun dirapalan, di imah Esih geus pinuh ku tamu. Nu barabantu digawe cakah-cikih, boh di tepas boh di patengahan; sumawonna di dapur mah. Batur salemburna jul-jol, nu ti jauhna oge geus carunduk, kabeh hayang nyaraksian, kabeh hayang milu bungah. Cacakan teu aya tatanggapan,