Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

mokaha tamuna teh, meh henteu kaampihkeun.

Esih diuk di patengahan diriung-riung ku babaturanana papada parawan. Indungna nemonan tamu awewe di tengah imah, bapana nyanghareupan tamu lalaki di balandongan. Ari Udi, panganten lalaki, keur digonjak eak-eakan ku babaturanana di tepas hareup.

Kamar panganten dipajang digandang-ginding, dipapaes ku tukangna. Kulambuna ditempelan kekembangan mani baranang, dipapaes deui ku pita beureum sarta ti hareupna disiklakkeun. Seprena ngeplak bodas, dipapaes ku renda nu ngarumbay. Ngan sirikna henteu sagala diterapkeun wae, beubeunangan makaya Esih ti Jakarta teh. Jeung saha-saha anu liwat ka lebah dinya, baris ngangseu seuseungitan anu nyambuang matak leleb kana hate. Jeung saha-saha anu ngareret ka lebah dinya, boh parawan boh bujang, sok tuluy mata-simeuteun kabita hayang ngeusian.

Kapeutingnakeun Udi asup ka patengahan sanggeus babaturanana naringgalkeun. Harita keneh Esih anu keur diriung-riung di patengahan teh nguliat cengkat, jung nangtung tuluy indit ka tepas api-api neangan bapana. Di patengahan Udi ngarasa bingung, ngan sirikna teu samar polah wae, teu nyaho kudu di mana nya diuk, teu nyaho kudu kumaha nya polah.

Bi Uwi anu surti, buru-buru ngadeukeutan. Pok ngaharewos: „Ujang bade dahar?“

„Parantos,“ tembal panganten rada kuram-kireum.

„Parantos di mana?“

„Ih leres, parantos tadi apan,“ tembal Udi anu bingungeun keneh.

Ku sabab kabingungna henteu leungit, tuluy Udi asup ka dapur. Nepi ka dinya mah manehna teu pati bingung, lantaran dibageakeun ku Mang Parta anu keur niiran sate, anu tuluy ngaheureuyan;

„Kahade Udi, ulah disaruakeun jeung niir sate, kudu alon, kudu ayem.“

Mang Warju nempas:„Bohong ketang! Kudu miyuni ucing manggih paisan, alusna mah!“

20