„Je-je-jeh, naon atuh eta teh. . . .?“ Carek Wa Iten bari ngadelekan ka Mang Warju.
„Kidang-ranggahkeun wae Udi!“ Cek Mang Ibro bari seuri.
„Harianeun!“ Cek Wa Iten deui. „Bet garelo kabeh!“
Tapi ari Udi mah anu diheureuyanana ngan ukur hahah-heheh, seuri teu purun. Teu lila manehna di dinya, sabab ujug-ujug ngarasa ningnang, ngarasa teu hade panganten lalaki laha-loho ka dapur kawas anu neangan dahareun. Sup deui manehna asup ka patengahan, maksudna rek terus ka balandongan.
Ti tepas Esih geus nenjo pisalakieunana nyampeurkeun. Ku sabab eta manehna taki-taki baris indit deui ti dinya, ngan henteu jung harita.
Nepi ka panto tepas Udi bingungeun deui. Manehna ngajanteng hareupeun panto, luak-lieuk neangan tempat geusan diuk anu pigenaheun jeung neangan babaturanana anu kira-kirana daekeun diajak ngobrol. Tapi babaturanana geus areuweuh, nepi ka manehna kapaksa nyampeurkeun riungan kolot.
Bareng jeung inditna Udi ti hareupeun panto, Esih anu geus taki-taki cengkat, jung indit bari ngagintak leungeun baturna, sup ka patengahan deui. Tapi di patengahan oge diukna teh elekesekeng wae teu ngeunaheun cicing. Hatena mimiti tagiwur deui. Babaturanana anu ngaheureuyan teu dipalire. Panonna jilalatan wae, ngawas-ngawas pisalakieunana bisi asup deui ka patengahan.
Harita, Udi anu keur ngariung dina riungan kolot, barang ngarampa rokona ngan tinggal sabatang deui teh cengkat heula rek nyokot rokona anu diteundeun dina koper di kamar. Manehna asup ka tepas rek terus ka kamar. Tapi barang srog pisan manehna mireungeuh pibojoeunana anu ngojengkang hudang bari miceun beungeut sarta gura-giru asup ka dapur. Ku sabab eta, Udi anu ti sore keneh geus boga rarasaan anu bareda teh beuki heraneun.
Basa Udi kaluar ti kamar hareup sanggeus nyokot rokona, manehna mireungeuh deui Esih hol ti dapur. Tapi rikat pisan Esih asup ka kamar indungna, siga anu ngahaja rek nyumput, bari teu malire saeutik-eutik acan. Seak getih Udi naek kana