beungeut, nepi ka rarayna anu bodas teh jadi beureum-geuneuk sajongjongan mah. Bari ngusap beungeut, manehna buru-buru asup deui ka kamar. Tapi lantaran rarasaanana teu paruguh, di kamarna teu bisa lila, leos deui ka balandongan nyampeurkeun riungan nu tadi. Kaheranna robah jadi curiga.
Sabot ngabandungan kolot-kolot anu keur ngawarangkong, bari ngelepus udud keretek manehna satekahpolah nengtremkeun hatena kalawan ngayakinkeun dirina yen moal aya kajadian naon-naon. Manehna ngahaja ngayakinkeun dirina yen pasaling-singan jalan jeung pibojoeunana teh ngan ukur kaligane, anu tangtu henteu dihaja. Hatena jadi reugreug meueusan, henteu ngaguligah teuing, waktu kapikir moal aya kajadian naon-naon anu baris tumiba, da apan kawinna oge kahayang babarengan sarta geus karujukan ku kolot-kolotna.
Satingkah-saparipolah Esih jeung Udi ti sore keneh dibandungan ku Bi Uwi anu keur ngabulaeh nyeupah maturan Nyi Kuwu di patengahan. Waktu tatamu sejenna geus arindit, Bi Uwi noel ka Nyi Kuwu, pek ngaharewos lalaunan:
„Nyi Kuwu, ari bieu nitenan panganten atawa henteu?“
„Haaar, ari teteh. Puguh wae nitenan mah. Apan kuring mah milu mapantes dangdanna sagala. Kumaha kitu, teteh?“ Walon Nyi Kuwu.
„Lain eta, teteh mah nitenan soteh saringkak-saparipolahna. Geuning panganten teh bet asa barareda pisan.“
„Beda? Kumaha bedana?“ Cek Nyi Kuwu heraneun.
„Ih, ari Nyi Kuwu, geura engke urang titenan deui nya! Tadi mah anu geus katitenan ku teteh, Nyi Esih teh siga nu embungeun kadeukeutan ku pisalakieunana, bet ngajauhan wae. Udi asup, Esih kaluar. Mun Udi kaluar deui, Esih gura-giru asup. Udi nyampeurkeun, Esih ngejat indit. Mun kaperegok, leos asup ka kamar. Tuh geuning nepi ka ayeuna oge Esih teh tacan kaluar keneh wae, sigana mah nyumput di kamar.“
„Kitu bieu teh? Daek medu, teu katitenan ieuh ku kuring mah!“ Walon Nyi Kuwu anu mimiti milu teu ngeunah hate.
„Boa-boa aya lantaranana.“
„Lantaran naon atuh Teteh?“