„Ih duka atuh. Ngan tetep wae hate mah hariwang bisi kumaha onam. Muga-muga wae ulah aya gantar kakaitanana.“
„Palangsiang aya anu ngaheureuyan,“ walon Nyi Kuwu deui nembongkeun kalewangna.
Esih kaluar ti kamar. Manehna luak-lieuk neangan batur. Waktu manehna ngareret ka Nyi Kuwu anu keur ngahaja nitenan paripolahna, belenyeh seuri. Nyi Kuwu ngarenjag, tapi buru-buru nyumputkeun pasemon bari ngahiap-hiap:
„Ka dieu sakeudeung, geulis, aya beja!“
Esih haripeut nyampeurkeun, galeong gek gigireun Nyi kuwu siga ogoan pisan.
„Yeuh, ari panganten mah ulah nyaring nepi ka peuting teuing, bisi hambar.“ Carek Nyi Kuwu.
Esih ngadilak bari ngabelenyeh imut, sarta pokna: „Ah, tuda can tunduh.“
„Di ditu nya, sarena dina ranjang!“ Cek Bi Uwi bari nunjuk ka kamar panganten anu beunang mapaes.
„Aaaaaww! Sarieun teuing!“ Walon Esih bibirigidigan bari nungkup beungeutna.
Bi Uwi nyerengeh seuri. Tapi Nyi Kuwu mah bener-bener ngajenghok, ditungtungan ku reuwas jeung hariwang.
Bi Ami, indungna Esih, kaluar ti kamar mentas mepende orokna. Barang nenjo Bi Uwi nyerengeh keneh, pok manehna nanya:
„Aya naon Bibi? Geuning sada rame teuing?“
„Ieu apan keur ngaheureuyan panganten,“ tembal Bi Uwi.
„Eta ku teteh dititah sare di ditu,“ cek Nyi Kuwu bari nunjuk ka kamar panganten anu molongo pantona. „Majar teh sieun. Hihi-hihihi."
Indungna Esih nguyahan: „Sieun kabadi meureun, nyah? Atawa sieun katulah?“
„Duka teuing da sieun,“ tembal Esih. „Sieun teh lain bobohongan.”
Sabot kitu Udi asup ti balandongan ka tepas, tuluy asup ka kamar hareup.
Esih tungkul bari ngabetem, biwirna rapet gadona nyawet.