Ieu kaca geus divalidasi
Nyi Kuwu ngareret ku juru panonna nitenan pasemonna. Ari indungna mah ngomong jeung Bi Uwi nyaritakeun pagawean anu can kagarap. Esih jadi elekesekeng teu ngeunah cicing. Jung manehna nangtung, langgeor deui ka kamar indungna.
„Jung geura sare!“ Cek Nyi Kuwu tamba euweuheun teuing omong.
Ti harita Esih ngadedempes wae di kamar, teu ngelol-ngelol. Ku indungna henteu digurah-geureuh, da memang dihaja disakarepnakeun.
24