Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

2

MIMITI ELIK

„Weleh teu ngarti kuring mah, naha atuh panganten teh bet aralum kitu?“ Cek Sawinah babaturan Esih anu tas lalajo panganten direndengankeun sabada dirapalan.

„Heueuh, matak pikaheraneun, budak sageulis-geulis geus didangdanan teh bet jadi jamedud kitu!“ Tembal baturna deui. „Padahal sakitu nurub-cupuna mun ditenjo sapopoena mah. Bet jauh tina sangkaan, sugan teh rek mangrupa pasangan anu pikabitaeun.“

„Enya nu matak weleh teu kaharti oge, lantaran jauh tina sangkaan. Apan sorena mah basa diriung-riung ku urang teh gerah nu aya, naha atuh ari dina prungna. . . . . Aaah, matak teu kaharti.“

Nyi Kuwu ngaharewos ka Bi Uwi: „Teteh, geuning Nyi Esih teh siga anu jararauh panineungan kitu? Cik engke mah urang talek, aya naon atuh saenyana?“

„Nya eta atuh, kahayang teh cik bruk-brak ka kolot ti samemehna. Ari geus kitu mah pan urang oge milu lewang jeung hariwang, bisi kumaha onam. Tapi piraku sugan aya naon-naon mah, da budak sakitu nurub-cupuna. Moal boa ari salah ngitung mah?“

„Panganten lalakina deuih, bet kabawa alum.“

„Nya meureun terus rasa,“ tembal Bi Uwi deui.

„Tuh geura, sakitu digaronjak ku babaturanana oge, keukeuh wae calamberut. Malah kalah ka malik ambek sigana teh. Na atuh, teu sangka baris kitu jadina.“

Sawareh deui ngamalum, cenah keun wae alum mah meureun eraeun dumeh dideugdeug ku tatamu. Cek sawareh deui, loba panganten anu aralum kitu mah. Eta teh lantaran aringeteun ka karuhun.

Tapi jaba ti Nyi Kuwu jeung Bi Uwi teh anu panghariwangeunana mah indung-bapana. Komo indungna mah make boga pikiran

25