goreng sagala, dumeh inggis ku bisi jeung sieun ku biheung.
Kahariwang indungna beuki maceuh, waktu tetela peutingna Esih teh henteu daekeun sare babarengan jeung salakina. Mangkaning peuting kahiji! Malem panganten! Peuting anu salawasna diarep-arep ku lanjang jeung bujang. Sababaraha kali Esih dileuleuyan, diomongan, tapi angger wae mugen, kalah ka ngarengkol dina ranjang indungna. Can beak dengkak, pek deui ku indungna dileuleuyan:
„Yeuh Esih, apan ayeuna mah geus boga salaki, geus disaksenan ku mangratus-ratus jelema. Sing heman ka salaki, sing heman ka awak. Nyaah ka salaki sarua jeung nyaah ka awak sorangan. Omat eulis, sing gumati ka salaki teh, bisi doraka. Jung ayeuna mah geura sare di ditu! Geus adatna, geus kitu kuduna, geus nepi kana waktuna, kudu babarengan jeung salaki maneh. Omat ulah jadi awewe wangkelang mawa karep sorangan! Apan beunang hayang babarengan kawin teh, lain? Euweuh anu nitah euweuh anu nyarek, kolot mah ngan ukur ngurusanan. Tah ayeuna mah kudu bisa ngurusanan maneh. Buru-buru hudang, jung geura urus salaki maneh!“
Esih teu nembalan, ngarengkolna malik, tapi henteu neut hudang, angger wae ngajolopong. Sakapeung kadenge inghak-inghakanana, nandakeun ceurik anu ditahan.
Dicoba ku indungna dikerasan, dicarekan, ngan henteu ari nepi ka gagantawangan mah, tapi Esih taya euih-euihna. Geus kitu geus kieu, nepi ka beak akal beak ekol indungna teh, panganten angger wae mugen teu beunang diongget-ongget. Najan kitu indungna henteu nepi ka buntu laku, da aya keneh anu katimbang, meureun mugen soteh bubuhan era ku tatamu nu ngarendong.
Pikeun ngagenahkeun hate Udi, indungna ngahaja asup ka kamar panganten. Kasampak Udi keur malaweung diuk dina korsi nyanghareupan meja leutik anu pinuh ku kukuwehan. Hatena geus ngaguligah, pikiranana pajurawet, rupa-rupa anu teu kaharti jeung rupa-rupa anu geus dirarampa, tapi can aya sarupa-rupa acan anu geus sidik nepi ka jadi kayakinanana mah. Kaheran, kabingung, kacangcayaan jeung kapercayaan, hamham