Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

jeung yakin, kasieun jeung kapaur, kainggis jeung karisi, tilem- timbul dina dirina, teu eureun-eureun.

Manehna teu daekeun unggah kana ranjang anu geus disadiakeun pikeun panganten, anu baranang ku papaes jeung ngadalingding ku seuseungitan. Sabab manehna ngarasa henteu boga hak sare di dinya lamun henteu dimanggakeun jeung dibarengan ku bojona mah. Turug-turug manehna oge nyahoeun yen eta ranjang teh ladang makaya Esih, sanajan manehna geus ngabalanjaan kawin oge. Kasadaran sabanda-sariksa estuning tacan nyampak saeutik-eutik acan. Jaba ti eta pikiran jeung rarasaan anu garoreng jul-jol piligenti, anu samemehna mah tara kasawang-sawang acan. Rasa heran, hariwang, curiga, timburu jeung kasieun bisi kawiwirangan, ngungkulan kalalakianana.

„Tacan sare, ujang?“ Cek Bi Arni nanya ka minantuna. Tapi harita keneh ku manehna karasaeun yen pananyana teh henteu merenah sarta ku sabab eta buru-buru dibaledogkeun deui: „Cape meureun ujang teh nya, jaba kurang sare deuih, da kagimbreung-gimbreung bae. Tapi wayahna, da biasana kitu.“

„Sumuhun,“ tembal Udi bari nyodorkeun korsina anu hiji deui keur diuk mitohana.

Gek Bi Arni diuk. Ngahaja henteu pati jauh ti Udi sangkan bisa ngaharewos. Cara kabiasaan kolot, Bi Arni nyaritana malapah gedang. Mimiti nyaritakeun duduluran anu daratang, anu marilu bungah, tuluy kana parabot anu pareupeus, leos deui kana sual kakurangan kalapa, bras kana lalakon urang dapur anu digarawena bari nundutan, balik deui nyaritakeun duduluranana anu ti jauhna anu peuting eta ge ngarendong keneh, bras kana papatah nyawer, tuluy giliran manehna ngomongna:

„Yeuh ujang, ayeuna teh loba keneh tatamu anu ngarendong,“ omongna lalaunan. „Bener eta teh duduluran kabeh oge. Tapi Esih mah dasar budak dusun meledug.“ . . . . Diganti ku ngaharewos: „Eraeun pisan, nepi ka nyempod wae di kamar embi, sieun digonjak ongkoh majar teh. Ku sabab eta, wayahna wae ayeuna mah sarena henteu dibaturan ku Esih. Eum, dasar budak dusun pisan Esih mah, eraan jeung taya wawanenan. Keun wae teu kudu jadi pikiran, da engke oge keur saha deui atuh.....?“

27