Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Reup beungeut Udi jadi beureum-geuneuk bakating ku era. Manehna teu bisa nyarita naon-naon, kajaba ngan nyumuhunan tamba teu teuing. Angenna munggah ratug, awakna asa ngoleang, asa asup ka hiji dunya anu aheng anu tacan kungsi kasaba. Omongan mitohana oge, kadengeeunana teh kacida ahengna, beda jeung omongan sapopoe, nepi ka manehna ngarasakeun lumangsungna parobahan anu kacida gedena. Karasaeun deuih, dirina teh lain anu kamari, tapi hiji diri anu anyar dina kalungguhan anu anyar deuih.

„Masing sabar wae, nya ujang!“ Cek Bi Arni ngaharewos deui ka Udi. „Komo geuning nu sejen mah aya anu nepi ka opat-puluh poe opatpuluh peuting misahna oge. Cenah dipuasaan heula. Tapi ah, keun da eta mah batur. Ngan anu karasa ku embi mah, bareto basa jeung bapana barudak, era jeung era wae nu aya. . . . Malah embi mah nepi ka opat peuting embung ngahijina oge, da era atuh, sarua bae jeung Esih ayeuna.“

Udi balaham-belehem, sakapeung seuri maur, sakapeung samar polah, samar ucap, jeung reup deui reup deui beungeutna bareureum awahing ku era.

Peuting kadua, alesan era ku tatamu teh ku Bi Arni moal bisa diasongkeun deui ka minantuna, da tatamuna oge geus baralik kabeh, euweuh anu ngendong deui. Sedengkeun Esih masih tetep keneh wae mugen, teu daekeun sare bareng jeung salakina. Bi Arni geus beakeun akal nyanghareupan anakna anu henteu disangka-sangka baris kitu pijadieunana teh. Turug-turug bingung nyanghareupan minantu, bingung beakeun piomongeun, kudu kumaha nyarita sangkan minantuna ngeunaheun. Ari salakina, Mang Wakijan, diajak pakumaha teh ngan ukur humandeuar. Manehna nya kitu keneh, beakeun akal, weleh teu manggih bong-bolongan, paling-paling ngan ukur bisa mapatahan sing sabar.

Bari rambisak Bi Arni nanya deui anakna anu keur ngagojod dina ranjang;

„Saenyana, naon sababna atuh Esih pangna maneh embung babarengan jeung salaki maneh teh? Embi mah weleh teu ngarti, teu beak-beak nya kaheran. Apan maraneh teh kawin kahayang babarengan, lain? Rek kumaha pikarepeun ayeuna? Cik atuh

28