Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

geura wakca, da lamun aya kitu-kieu mah nu baris kawiwirangan teh lain maneh sorangan, indung-bapa oge kababawa, nya kitu deui wirang maneh. Pek geura wakca, ulah ngabingungkeun kolot, ulah ngabingungkeun salaki. Kumaha geura engke, lamun aya anu ngagujrudkeun elik, saha anu kawiwirangan?“

Esih angger ngagojod. Manehna henteu buru-buru ngawalonan. Kecap salaki anu disebut ku indungna karasaeunana kacida pikaijideunana, beda pisan jeung kecap kabogoh waktu manehna keur bobogohan keneh, anu karasaeunana lir mangrupa rahmat.

„Pek geura wakca Esih, ulah ngabibingung kolot, ulah rek ngawiwirang sarerea, ulah ngagudjrudkeun lembur. Sing heman ka diri sorangan, sing heman ka salaki, sing heman ka kolot, ulah rek bedegong umangkuh, da urang mah teu nyampak bahanna.“

Esih malik ngagojodna, sarta pok nyarita:

„Tuda embung ngahiji. Embung teh lain bobohongan embi, kudu kumaha atuh ari embung? Embung abdi mah embung jadi wadal.“

Barang ngadenge kecap,,wadal" indungna ngajenghok.

„Nanaonan maneh teh Esih?“ Omongna rada nyereng. „Baruk jadi wadal? Saha kituh anu ngawadalkeun maneh? Apan kawin teh kahayang maraneh babarengan lain? Apan kawin teh ka kabogoh sorangan, lain? Cing ieuh, sing inget, sing eling! Keulat naon maneh teh?“ Mun teu sieun kadengeeun ku minantuna mah, moal teu gagantawangan.

Esih henteu nembalan deui. Pikiranana balik deui ka nu enggeus. Manehna ngarasa leuwih hade teu ngajawab, leuwih hade henteu nerangkeun. Ku jalan balem kitu, manehna baris leuwih kuat mugenna, sarta baris bisa nyingkahan pacengkadan anu ngagujrudkeun.

Kalawan pinuh ku kabingung, Bi Arni nepungan deui minantuna di kamar panganten. Kasampak Udi keur candukul wae cara peuting kamari teu daekeun unggah kana ranjang panganten. Bi Arni bisa keneh nyarita anca, ngomongan jeung ngabeberah Udi anu keur nguluwut. Cara peuting kamari, nyaritana malapah gedang heula, ditungtungan ku mere conto.

29