„Embi oge bareto jeung bapana barudak, apan geus dicaritakeun ka Ujang oge, henteu ujug-ujug daek wae, meunang opat peuting mugenna teh. Keukeuh wae nanangkel ka indung. Da eta Ujang, hawana jaba ti era teh apan jeung sieun deuih. Ah, malum bae keur budak, rupa-rupa kasieun teh, bisi kitu tea, bisi kieu tea. Awewe mah loba kaera loba kasieun puguh. Geura, taroskeun ka emangna. Ih, lain embi wae anu kitu teh, tapi Nyi Arsiti, Nyi Jurutulis, Bi Iti jeung Si Dasimah oge karitu. Tapi lila-lila mah, ih biasa wae henteu sakara-kara.“
Ngan sakecap anu henteu diucapkeun ku Bi Ami ka minantuna teh, nyaeta „elik“. Kecap anu dianggap bahaya, lain wae henteu merenah mun diucapkeun ku mitoha ka minantu.
Cara nu enggeus, Udi ngan ukur ngawalonan ku nyumuhunan, diselang ngaheheh seuri maur, pikeun nyumputkeun kaera anu taya papadana.