3
PONDOK JODO
"Wiwirang gede! Dasar budak bangkawarah!” Carek Bi Arni ka Esih bari popolotot. Tapi cacarekna ngan semet sakitu, kaburu midek kana angenna, amarahna henteu bisa dibekaskeun kabeh saharita. Tungtungna segruk wae manehna ceurik. ceurik ngaguk-guk pinuh ku kahanjelu.
Udi geus pamitan, geus balik deui ka indung-bapana. Ngan dua peuting manehna bisa nahan kasabaran. Ngan dua peuting manehna bisa nahan kaera jeung katugenah rasana, nya tungtungna mah manehna henteu bisa ngungkulan deui rurujit anu ngarerejet pikiran jeung hatena. Manehna pamitan ka mitohana. Ngomongna basajan pisan, estuning ngan saperluna wae:
,,Embi, permios wae abdi teh ayeuna bade wangsul.”
Bi Ami jadi geugeumeueun nyanghareupan minantuna anu pamitan bari ngajingjing koper seng teh. Sajongjongan mah henteu ngawalonan naon-naon, teu nyaho kudu kumaha manehna nya ngomong. Panonna mencrong kana beungeut Udi anu keur tungkul alum, tuluy nataan pakeanana, ret kana koperna. Rada lila meueusan Bi Ami mencrong kana koper teh, siga teu yakin kana hartina anu geus kaharti ku manehna. Udi angger ngeluk, teu kadugaeun neuteup beungeut mitohana awahing ku era.
,,Bade ka mana Ujang teh?” Cek Bi Ami sanggeus inget deui.
,,Bade wangsul wae,” tembal Udi.
,,Wangsul ka mana?”
,,Ka rorompok.”
Aeh, engke heula! Ke, embi mah teu ngarti. Ka dieu geura, ka dieu urang calik heula. Ke, ke, ke, aya naon ieu teh, aya naon? Cek Bi Arni anu hatena geus mimiti tagiwur deui.
Sanggeus Udi diuk nyanghareupan mitohana, bari tungkul manehna nembalan:
,,Ah, henteu aya naon-naon. Mung bade wangsul wae ayeuna mah