Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Lain kitu, naon atuh maksudna, geuning make ngajing-jing koper sagala?“

Udi henteu nembalan. Manehna beuki tungkul wae, ngeluk kawas sakitan anu dipariksa ku pulisi, awahing ku werat teu kaduga nyaritakeun beungbeurat hatena. Tamba cicingeun manehna ngan bisa ngomean kukuna. Kahayangna mah geura jung indit, balik deui ka indung-bapana, balik deui ka dunyana anu kungsi dipiboga, dunyana anu bebas, anu tanpa kaera jeung taya beungbeurat. Teu, teu hayangeun ieuh manehna ditanya papanjangan teh. Lain, lain panalek mitoha anu diarep-arep harita mah. Hatena geus marudah deui, asa kasiksa disanghareupan ku mitohana.

Najan mitohana satekah-polah nyaram indit, najan mitohana pok deui pok deui nitah sabar, Udi maksa balik teu beunang dipondah.

Esih anu harita ku indungna dipaksa dititah nepungan, angger wae ngajolopong cara kamari di kamar. Bi Arni beuki samar polah, cilingcingcat ka ditu ka dieu. Ka Esih maksa nitah nepungan, ka minantuna keukeuh ngandeg nyaram indit. Tapi ku duanana henteu digugu, nepi ka hatena pinuh ku kahanjelu, leber ku amarah anu henteu kabekaskeun. Sedengkeun manehna henteu bisa pakumaha jeung salakina, da harita Mang Wakijan mah geus indit ka sawah.

Kencling Udi indit ngajingjing koper. Garawak Bi Arni nyarekan Esih, segruk ceurik ngagukguk. Esih mah angger wae ngajolopong teu usik teu malik.

Tatanggana, papada awewe, jul-jol narepungan. Mimitina tunyu-tanya aya naon. Maranehanana oge geus nyarahoeun yen Esih teh elik, pista ka nu jadi salakina. Maranehanana oge geus milu hariwangeun, bok bisi laki-rabina henteu lambat-lambut. Tapi kacida karageteunana barang geus dibejaan Udi geus balik ka kolotna teh.

Kabeh pada nyalahkeun Esih, sanajan henteu pok ngomong. Pek maranehanana ngaromongan, ngelingan Esih jeung ngabeberah indungna.

„Esih, kudu kumawula ari ka salaki teh, da geus kitu adatna,

32