Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

geus kitu kuduna anu laki-rabi mah. Omat eulis, ulah nganyenyeri hate lalaki, bisi aya atakna." Cek Bi Inah.

 ,,Ku naon atuh Esih, apan sakitu kasepna salaki teh. Na henteu lebar mun direbut ku batur? Sing inget kaduhung mah tara ti heula." Cek nu saurang deui. Sawareh deui ngomongan indungna:

 ,,Meugeus ulah gujrud, keun wae indit mah, engke oge balik deui da geus dikawinkeun ieuh." Cek nu saurang.

 ,,Sing sabar, ulah ngumbar amarah, urang mah da geus kolot kudu ngamalum barudak. Sing sering ngomongan, sing sering mapatahan, engke oge harade deui. Keun engke bibi rek ka ditu, rek ihtiar sugan bisa ngomongan Udi. Moal, moal naon-naon, kudu ngarti wae ka barudak mah. Da memang ari budak mah dikerasan salah, diantep salah, kuduna teh dileuleuyan nepi ka kabeuli hatena." Cek Embok Inah.

 Geus sababaraha urang nu ngomongan Esih, geus sababaraha urang anu datang ka Udi, boh anu dititah boh anu hideng sorangan, tapi nepi ka aya mingguna Esih teu daekeun ngagugu, Udi teu beunang diongget-ongget diajak deui. Dalah Nyi Kuwu jeung Bi Uwi anu dianggap boga komara oge, henteu bisaeun nepungkeun. Nu elik angger elik, nu balik teu bisa diteang deui.

 ,,Mubadir wae ngawinkeun teh, hanas beak waragad saloba-loba, harade mah henteu!" Cek saurang di warung.

 ,,Leuh lebar ku kasepna, karunya nepi ka dipista dielikan!" Cek nu saurang deui.

 Tukang warung nembrongan:,,Aya nu sirikeun meureun, saha nu nyaho dipaburantakkeun ku sihir."

 ,,Weleh teu kaharti, dilamar ku itu ku ieu embung, sugan teh masket ka nu kasep, ari geus prungna bet jadi elik!" Tembal nu saurang deui nguyahan.

 ,,Pedah atuh, ambeh rame ari aya randa bengsrat mah," cek nu sejen.

 ,,Geus kitu tea wae, ari jodo mah henteu bisa diatur ku jelema, paribasa orokaya waris. Siga enya, majar teh jodo mah geus dibabawa ku jelema ti wangkid dikakandung keneh ku indungna," cek tukang warung deui.,,Ari lain jodoņa mah tah

33