Ieu kaca geus divalidasi
geuning, geus dikawinkeun oge jadi paburantak.”
„Lah, duka teuing, sok teu kaharti puguh oge ari mikiran barudak anu elik teh. Majar bogoh nyoso, majar layeut ti samemehna, ari prung kawin ari elik malik pasangan.“
„Enya sok teu kaharti, ari anu hayang teu kaur laksana, ari anu geus prung kalaksanakeun bet jadi magol. Kumaha sih kahayangna jeung pikiranana ari nu elik? Teu asak samemehna atawa kumaha? Weleh teu kaharti ku kuring mah!“ Cek nu balanja deui.
Tukang warung nempas: „Teu nyaho, da teteh mah teu ngalaman, jeung teu bisa maca hate batur.“
Gujrud salelembur, ear pada nyarita, pada ngarupat ngomongkeun. Nu hanjakaleun loba, nu mupuas aya.
34