4
PUNDUNG
“Aya naon peuting-peuting ka dieu?” Cek uwana barang nenjo Esih mukakeun panto.
Esih henteu nembalan. Kalacat manehna unggah ka tengah imah, gek diuk dina amparan samak bari nyarande kana tihang. uwana ngabulaeh nyeupah bari sila panggung.
„Hayang ngareureuhkeun pikir, uwa. Hayang niiskeun hate. Bongan di imah mah dikutumprung wae, parahi nyarekan.” Omong Esih bari menerkeun emokna.
„Yeuh, uwa mah lain embung katuturkeun. Ulah kikituan, geura balik deui wae ayeuna mah! Goreng kasebutna, awewe mah ulah sok luaslteos ti peuting, ulah sok sirurak-siruruk di imah batur najan di imah uwa oge. Komo deui apan maneh mah panganten. Uwa mah lain embung narima, nyarek soteh lantaran| hheman ka manch. Jeung ongkoh bisi katempuhan ku salaki maneh. Moal nyarek kitu uwa oge lamun maneh lelengohan mah. Hayu dianteurkeun ku uwa, geura balik wae!”
Esih teu nembalan. Cipanonna nyalangkrung. Teu disangka saeutik-eutik acan uwana baris nyarita kitu. Sabab ti anggalna mah manehna geus nyangka yen uwana teh baris jadi palabuan anu pangamanna.
„Hayu bisi peuting manten!”Cek uwana deui.
Esih ngajanggilek. Tuluy nyusutan cipanonna ku tungtung kabayana.
„Ulah sok pundungan jadi awewe mah. Sing nurut ka kolot, da kolot teh kabeh oge hemaneun. Sing heman ka diri sorangan, sing nyaah ka salaki, sing bisa ngajaga diri, hirup jadi awewe mah kacida susahna, loba bahayana, loba panyegahna!” Cek Uwa Ita mimiti ngomongan deui.
Tapi Esih mah henteu nembalan deui wae. Manehna geus boseneun pisan ku papatah, ngan sirikna teu hayang ongkek ari ngadengekeun papatah anu kitu-kitu keneh bae teh.