Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ku sabab Esih mugen wae henteu daekeun balik, jeung sababaraha kali nyebut hayang niiskeun pikir, nya tungtungna mah uwana oge karunyaeun. Kungsi aya nu nyusulan titahan indungna, ngan ku uwana dipangwalonankeun, pokna teh:

„Keun wae, peuting ieu mah sina ngendong di dieu, rek diomongan, rek dipapatahan, malahmandar kahartieun, malah-mandar nurut.”

„Uwana mah weleh teu ngarti mikiran talajak maneh teh,” Cek Wa Ita anu mimiti nalek deui bari nyanghunjar lambar jeung ngagosok-gosokkeun sisigna ngenca-ngatuhu. „Hayang nyaho wae uwa mah, piraku sugan ari taya pisan marga-lantaranana mah, cik geura wakca atuh Esih, naon sababna pang maneh elik teh? Atuh mun nyaho sababna mah, sugan wae uwa bisa nulungan, bisa memeres, bisa milu nguruskeun, sahenteuna meureun bisa mapatahan-mapatahan bae mah.”

Esih balem bae ngabetem. Manehna geus boseneun ditalek kitu, geus boseneun dirurujit. Indit ti imahna maksudna mah nyingkahan panalek, kari-kari datang ka uwana ditalek deui wae. Manehna geus ngarasa lalesu, hayang ngareureuhkeun pikiran, hayang niiskeun hate, hayang sare ngaguher cara batur euweuh anu ngaganggu. Ngan ku manehna oge kapikir yen lamun henteu buru-buru wakca, tangtu moal beres tereh-tereh, tangtu angger dikutumprung ku itu ku ieu, angger parahi nyarekan, da kabeh oge karasaeunana teh nyaralahkeun manehna, euweuh anu nyalahkeun salakina. Tapi teu werat ngucapkeunana, inggis bisi tambah gujrud, sieun disebut minculak beda ti batur. Atuh tamba teu teuing, pok manehna ngajawab ku jawaban anu lain jorojoy tina sanubarina.

„Uwa, taya deui nu bisa diterangkeun ku abdi, iwal ti embung. Embung abdi mah, embung jadi wadal! Sieun abdi mah, sieun karampas kapurba. Kumaha atuh ari embung? Kumaha atuh ari sieun? Da sanajan ngaludeungkeun maneh oge, keukeuh wae hate mah henteu luas.”

„Naha atuh basa memeh kawin bet bobogohan jeung manehna?”’

Esih teu nembalan.

36