„Tangtu aya sababna nu matak jadi embung jeung sieun teh. Naon sababna? Pek geura wakca, panasaran uwa mah. Ulah ngabibingung maneh, ulah ngabibingung kolot. Pek geura wakca, sugan uwa bisa ngabeberes.” Cek uwana deui bari mencrong nyidik-nyidik pasemonna.
Harita Esih geus rek muka biwirna rek ngawalonan. Tapi teu tulus, da dipencrong ku uwana. Hatena jadi rumegag deui. Tuluy nutupan beungeutna ku kabayana, api-api nyeka panon jeung tarangna, siga anu embungeun kabaca hatena.
Sanggeus sawatara jongjongan henteu lemek, uwana ngadongsok deui bari angger mencrong ka Esih.
„Cik pek eulis, geura wakca.”
Ngarasa geus kapalang, bari nanggeuy gado pok Esih ngawalonan:
„Bareto teh geuning uwa, duka sabaraha tahun ka tukang, abdi ditanyaan ku Ka Udi.”
„Heueuh, tuluy?”
„Ti harita abdi mikirkeun maneh, hayang boga naon-naon bawaeun kawin. Hayang cara batur, ulah sagala ti kolot. Biasa wae, hayang boga ranjang, kasur, kulambu jeung sapuratina, bawaeun kawin.”
„Heueuh, tuluy?” Cek uwana deui.
„Nya abdi ge indit milu jeung batur ka Jakarta, maksud mah rek usaha ka kota jembar, di dituna mah makaya. Uwa oge apan terang, abdi teh sok lila di Jakartana, mangbulan-bulan, balik-balik ari rek lebaran, atawa mun rek panen. Nya ku jalan bisa ngeureut-miceun, abdi teh bisa ngumpulkeun duit saeutik-eutikeun, bisa meuli kabutuh abdi bawaeun kawin sapuratina. Tah geuning buktina anu dipajangkeun kamari ieu di kamar.”
„Kaharti. Geus kitu?”
Ari datang ti Jakarta, abdi teh sok dianjangan ku Ka Udi. Ngan ari kaanjangan teh, abdi mah sok cicing wae, padu nyanghareupan. Milu nyarita ngan ukur sakecap-kecapeun, eta oge mun kabeneran langsung ditanya. Da ari nu sok ngalayanan ngawangkongna mah mama wae jeung embi.”
„Heueuh, tuluy?”