„Cek batur Ka Udi teh kasep, bageur jeung loba kabogana. Cek batur Ka Udi ka kuring teh nurub-cupu. Tapi abdij mah teu nyaho, da harita mah teu bisa ngukur.”
Nepi ka dinya Esih eureun heula nyaritana. Uwana sabar ngadagoan, ngahaja henteu ngaburu-buru, sangkan Esih nyaritana bisa gemet jeung jujur, jeung pangpangna mah sangkan henteu ngajanggilek deui. Teu lila pok Esih nyambung:
„Bener abdi geus bisa makaya, boh saeutik boh naon oge. Tapi demi Allah, abdi mah teu nyaho naon hartina kawin. Nya kakara basa geus deukeut kana prungna pisan ku abdi kaharti teh. Jeung ku sabab eta abdi embung boga salaki. Hanjakal kakara kaharti beh dieu. Ngan ku lantaran geus katalanjuran, sangkan kolot henteu kawiwirangan ngahaja abdi henteu menta dibedokeun. Tapi sanajan kumaha wae oge, sanajan geus dikawinkeun oge, abdi mah embung boga salaki.”
„Ke heula, cek maneh teh bieu kakara kaharti beh dieu. Kumaha kahartina eta teh?” Cek Uwa Ita deui.
„Kaharti ku abdi yen ari kawin teh kudu nyerahkeun jiwaraga ka lalaki. Mun jiwa-raga abdi geus dipasrahkeun, hartina abdi henteu mibanda deui kamerdikaan, abdi kudu nurut ka salaki, abdi kudu kumawula ka salaki, abdi kudu daek diutuhetah ku salaki, abdi kudu numpi wae di imah, abdi kudu ulukutek wae di dapur, saumur-umur kudu kitu! Sarua wae jeung jadi wadal! Abdi mah embung jadi wadal, jeung ku sabab eta embung boga salaki.”
Ngan sirikna ceuli uwana henteu jadi rancung. Panonna olohok teu ngiceup-ngiceup, sarta istigpar sababaraha kali sajeroning ati, rehna teu nyana Esih baris boga pikiran kitu. Sajongjongan euweuh anu lemek. Tuluy uwana humandeuar, pek ngusapan dada.
„Tah, uwa, abdi mah embung nyerahkeun jiwa-raga teh. Teu, teu suka abdi mah! Atuh dina dipaksana, kajeun teuing bibilasan, tinimbang kudu sumerah mah.”
Ngahaja uwana henteu buru-buru nempas. Kalawan sabar Sarta siga anu mere hate, pok uwana nanya deui:
„Tah, ari geus kitu, rek kumaha pikarepeun ayeuna?”