„Ah, abdi mah rek indit deui wae ka Jakarta. Da abdi mah yakin, yen hirup teh henteu gumantung ka lalaki, henteu gumantung kana kawin.“
„Apan ayeuna mah geus boga salaki.“
„Cek abdi ge embung.“
„Apan geus jadi, geus dirapalan.“
Esih teu nembalan, ngabetem nahan kahandeueul, gadona nyawet siga anu nahan amarah.
„Jadi maksud maneh teh rek menta diserahkeun deui? Maksud maneh teh rek ngaranda? Randa bengsrat meureun pibasaeunana teh!“
Esih ngajenghok awahing ku kaget, sarta harita keneh nanya sajeroning ati:
„Randa? Aing randa? Naon hartina ieu teh? Ujug-ujug jadi randa? Naha geuning bet kieu kajadianana? Na dikamanakeun parawan aing teh? Geuning ujug-ujug jadi randa?“
Manehna luak-lieuk ngenca-ngatuhu siga anu leungiteun naon-naon. Tuluy nutupan deui beungeut ku kabayana, segruk ceurik. Dina inghak-inghakanana katangen rasa hanjelu jeung kanyenyerian hatena.
Uwa Ita humandeuar deui bari nyiklakkeun buukna anu ngarumbay kana tarang. Ringkakna ngan katenjo remeng-remeng dina cahya cempor nu rada anggang. Sajongjongan taya nu lemek sakemek-kemek acan. Nu kadenge ngan inghak-inghakanana wungkul.
Barang ngadenge dur isa, Uwa Ita cengkat tuluy ngolesed turun ka tukang rek wulu heula. Tapi Esih mah kalah ka ngagoloyoh ngedeng dina amparan samak, nyuuh kana bantal peot bari teu eureun-eureun inghak-inghakan. Teu lila, kurutak uwana unggah deui, sup asup ka kamar rek solat.
Angin peuting ngahiuk nebak pucuk awi di satukangeun imah, sorana seah reureundahan. Rada anggang kadenge kawih barudak, anu sakapeung-kapeungeun leungit kasilep ku sora sumeahna daun awi, bareng jeung reureundahanana angin. Sora gaang disatukangeun dapur anteng ngaheang, aing-aingan jeung cihcir anu nyikcrik teu eureun-eureun.