Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

5

RANDA

„Randa!“Cek Uwa Ita sabada muka mukenana. Manehna henteu tuluy dikir harita mah. Sanggeus emok deui bari nyanghareupan Esih anu keur ngajolopong keneh, tuluy ngarongkong wadah seupaheunana, prak nektek deui.

„Ku maneh mah henteu kapikir, komo kararasakeun mah moal da puguh tacan ngalaman. Tapi uwa mah geus opat taun ngararasakeunana, nyaeta ti wangkid ditinggal maot ku uwa pameget maneh. Yeuh contona uwa randa teh! Sanajan uwa mah jadina randa teh lain meunang hayang, geus kitu ditakdirkeunana ku Nu Maha Kawasa.“

Nepi ka dinya eureun heula nyaritana. Tektek anu geus dilupat-lipet, am dihuapkeun, pek digael-gael bari dirarasakeun sarina. Sabot kitu, Esih anu geus eureun nginghakna hudang lalaunan. Sukuna disanghunjarkeun, leungeunna sideuha rada ka tukang, bentik siga gondewa pinentang mun carek jurupantun tea mah. Cangkengna lenggik, merenah dina awak anu sampulur. Sedengkeun buukna anu kusut jeung gelungna anu udulan, siga nambahan kageulisanana. Jeung ku sabab buukna hideung meles, rarayna anu bodas teh siga beuki kagebraykeun sanajan ngan ukur kacaangan ku cempor wungkul oge. Sarta ku sabab diukna rada murilit ka kenca, awakna beuki kaciri beuneur, nembongkeun kangoraanana. Kabeh katitenan ku uwana.

„Saestuna, kamulyaan awewe mah kaalamanana teh waktu parawan jekekan keneh, waktu rumaja putri.“ Cek Uwa Ita mimiti nyarita deui. „Karasa ku uwa harita mah asa jadi putri dina dongeng, loba anu mikabogoh, loba anu mikanyaah, loba anu mikaresep jeung kabeh parahi ngaraksa ngadama-dama. Nya harita kamulyaan teh. Saenyana, lamun jelema nyebut yen awewe teh permata dunya, nya parawan anu dipimaksudna teh. Lain randa! Lain nini-nini cara uwa! Sagala perhatian lalaki dipuseurkeun ka parawan, majar maneh buah hate cahya mata, kaimpikeun-kagundamkeun, kapicangcam beurang-peuting. Sabalikna, sagala perhatian awewe oge dipuseurkeun kana dirina teh basa keur

40