Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

parawan. Lir parawan wae anu jadi pangeusi sawarga dunya teh. Lir euweuh deui tujuan lalaki, iwal ti meunangkeun parawan. Karasa tangtu ku maneh oge, kumaha getenna, kumaha talitina, ngan sirikna teu tihothat wae miara jeung ngaraksa kaparawanan teh. Kaharti meureun, mana kitu oge hayang angger jadi kembang nagara, hayang angger jadi pupujan lalaki, hayang angger nyangkaruk dina hate lalaki anu bisa diraksa satuntung ngora. Cindekna, kahayang awewe mah kangoraan teh sing langgeng, da kahartieunana kamulyaan teh ayana di dinya. Nya harita, waktu keur parawan, waktu keur ngora keneh, ngarasa dimulyakeun teh. Lalaki oge alajriheun pisan, ngahormat, ngamulyakeun. Najan anu sakumaha nakalna oge tara ieuh wani tual-toel teu pupuguh. Meujeuhna disebut rumaja putri teh.

Ayeuna maneh, anu keur meumeujeuhna rumaja putri, anu keur sumedeng ngora lir bonteng kokoseun, anu geus dipileuleuheungkeun ku lalaki anu nya kasep nya loba kaboga, anu geus sumedeng manjing sawarga, naha bet jadi kitu lalampahan? Teu puguh-puguh jadi randa........“

Esih angger ngeluk teu robah-robah. Uwana ngaluah heula, tuluy meureut sisigna, pok nuluykeun deui:

„Nyaho henteu, naon ari randa? Nyaho henteu, kumaha ari jadi randa? Keun uwa mah teu kudu jadi pikiran, da jadi randana oge geus kolot. Jadi randa teh, bisi teu nyaho mah, hiji kajadian

runtuhna kamulyaan awewe! Taya bedana jeung ratu anu dirorod tina singgasanana! Keur jadi parawan ku maneh karasa dimulyakeun pisan. Tapi coba jadi randa! Geura teukteuk ceuli uwa, lamun bener euweuh anu ngagareuhgeuykeun! Geura keureut irung uwa, lamun bener ka maneh euweuh anu wani tual-toel, euweuh anu wani ngaheureuykeun! Geura teukteuk leungeun uwa, lamun engke di imah maneh henteu pinuh ku lalaki anu ngadon hareureuy! Leuh, pangresepeunana lalaki mah ngaheureuyan randa. Siga enya, jadi randa teh ngan pikeun diheureuykeun. Siga enya, randa teh jelema anu uduh digusur, hampang dibawa. Geus jadi kacapangan, majar rek neangan randa, rek ngendong di randa, rek anu randa, rek anu randa...., Nya di dinya runtuhna kamulyaan awewe anu moal bisa dipulangkeun deui kana kamulyaan anu

41