kungsi dipibanda waktu keur jadi parawan keneh teh!“
Nepi ka hah-heh-hoh. Uwa Ita teh nyaritana oge, bakating ku hayang kahartieun ku Esih. Sarta kalawan tambah daria, pok manehna nyambung deui:
„Tangtu wae, ka uwa mah euweuh anu daekeun ngaheureuyan, euweuh anu daekeun pangangguran, da puguh randa kolot, euweuh araheunana atuh! Najan kitu, tetep ari ngarasa leungiteun kamulyaan jeung kahormatan mah. Sihoreng sanggeus ngalaman kamulyaan jadi parawan teh, aya deui kamulyaan anu leuwih luhur, nyaeta sabada ngahiji jeung salaki, dina laki-rabi. Mun bisa laki-rabina kitu oge. Tuluy kasambung ku nu leuwih luhur deui, nyaeta waktu boga anak. Ngarasa mulya meunang rahmat ti Pangeran, meunang kapercayaan ti Anjeunna pikeun ngurus budak. Paingan saur Kangjeng Nabi, tina sagala rupa anu diwidian ku Pangeran, nya pepegatan anu panghenteu dipikaresepna ku Anjeunna. Cindekna, karasa ku uwa, yen jadi randa teh asa teu boga martabat, teu bisa dipungkir asa hina. Bisa jadi eta oge ngan rarasaan uwa wungkul, da uwa mah tara pangangguran tunyu-tanya perkara eta ka batur. Tapi najan kumaha wae oge, geus jadi kanyataan anu henteu bisa dipungkir, anu geus kapikir jeung geus kararasakeun.“
Esih teu lemek teu nyarek. Hatena mimiti rumegag, bingbang kana kayakinanana, katurug-turug ditanya pisan ku uwana.
„Tah ayeuna maneh, bener hayang jadi randa?“
Esih teu nembalan. Cipanonna anu nyuruluk deui disusutan ku tungtung kabayana.
„Teu puguh maneh mah. Geus dibere kamulyaan kalah ka hayang ngahinakeun maneh. Apan tadi geus dicaritakeun, yen kamulyaan anu kungsi dipiboga waktu keur jadi parawan teh dilanggengkeun dina laki-rabi. Mun teu kitu, eta kamulyaan teh baris laas ku umur, anu antukna mun teu kawin pisan jadi parawan jomblo, mun elik jadi randa bengsrat. Beda jeung lamun maneh terus laki-rabi. Leuwih mulya deui lamun boga anak. Nyaho henteu? Kacida bagjana boga anak! Karasa ku uwa sanajan ngan boga hiji-hijina oge. Euweuh deui kabagjaan anu leuwih gede batan boga anak. Leuwih bagja batan boga kabogoh anu kasep. Leuwih bagja