batan boga salaki! Memang katenjona ku nu sejen mah boga anak teh ripuh. Komo lamun loba mah. Tapi uwa yakin, sanajan ripuh oge leuwih bagja batan anu henteu pisan boga anak. Hate jelema mah saenyana henteu bisa dipalsu, anu bisa dipalsu mah biwir! Jeung deui, cek uwa oge tadi, boga anak teh sarua jeung meunang rahmat ti Pangeran!“
Esih rambisak deui. Kabingungna ngungkulan dirina. Pikirannana pajurawet pabaliut teu puguh. Hayangeun pisan manehna ngarasa tengtrem, kawas pucuk cempor anu ngagateng. Tapi katengtreman teu kapanggih deui dina dirina, ngan katembong aya disatukangeun raray uwana katengtreman hiji awewe anu geus sirna tina sagala karudet dunya.
„Aya keneh anu henteu karampa ku maneh, Esih," cek uwana deui.,,Sabab maneh mah teu ngarampa angen batur. Sanggeus nyaksian talajak maneh kitu, pisakumahaeun teuing nyerieunnana hate salaki maneh teh. Buktina nepi ka manehna balik deui ka kolotna. Memang anu bisa karampa ku uwa, taya deui kanyeri lalaki anu leuwih gede, lian ti dielikan, dipista ku pamajikanana. Tangtu leuwih nyeri batan ditampik sapajodogan waktu ngalamar. Panghina anu euweuh tandingna! Naha henteu kapikir ku maneh, moal boa Udi baris males kanyeri?“
Esih cengkat ngajenghok. Eureun nginghakna. Sungutna molongo biwirna ngageter. Dina panonna ngalangkang rasa kasieun anu ujug-ujug ngungkulan dirina. Angenna ratug, awakna ngadadak leuleus. Gebut manehna ngabeubeutkeun sirahna kana bantal. Segruk deui ceurik.
„Puguh hese hirup teh! Gampang soteh keur budak, teu kudu mikir naon-naon. Geus dewasa mah sagala kudu dipikir, sagala kudu asak ditimbang heula, salah saeutik oge bisa jadi bahaya gede anu leuwih gede batan kasalahanana. Jeung saenyana, ari laki-rabi teh mangrupa ibadah, anu ngan bisa langgeng lamun bener-bener iman. Sabab setan mah salawasna ngagoda ka jelema anu rek ibadah teh, salawasna ngagoda kana kaimanan jelema. Weueuh, lamun henteu panceg iman mah ulah ngarep-ngarep bisa laki-rabi, ulah ngarep-ngarep bisa ngawangun rumahtangga anu rukun turta repeh-rapih. Tapi insya-Allah, lamun bener-bener iman