mah sakabeh kahayang oge baris diijabah ku Pangeran Nu Welas-asih, Pangeran Nu Sipat-murah. Saenyana mah kari prakna, moal aya anu ngahalangan, malah sabalikna kabeh oge geus dipaparin jalan anu dipirido, geus dipaparin pituduh ku Pangeran, mana anu diharamkeun jeung mana anu dihalalkeun. Urang teh kari prakna, da sagala rupa oge anu dipaparinkeun ku Pangeran teh lain beungbeurat keur nu panceg imanna mah, tapi rahmat nu taya papadana.“
Esih teu lemek-lemek. Pikiranana beuki pajeujeut. Sakabeh jalan geus mareundeut. Omongan uwana, karasaeunana teh lain jadi hiji pituduh, tapi sabalikna beuki ngabingungkeun. Kabeh nasehatna taya hiji-hiji acan anu jadi bongbolongan, taya hiji-hiji acan anu kapilih pikeun disorang.
Hawa peuting anu beuki lila beuki tiis, ku Esih mah karasaeunana teh beuki panas nyongkab, beuki matak hareudang bayeungyang, sarta beuki ngaguligahkeun hatena. Sora gaang angger ngaheang, nya kitu deui cihcir jeung jangkrik alangger keneh nyikcrik. Ngan kawih barudak anu keur marulan, geus lila sirna kasilep peuting. Angin peuting taya ririhna, sumilir ngusapan kampung anu keur ngareureuhkeun kacape.
„Pek geura sare ayeuna mah, geus peuting!“ Cek Uwa Ita bari cengkat tuluy asup ka pangkeng.
Tapi Esih mah kalah ka candukul bari nangkeup bantal, sukuna disanghunjarkeun. Uleng mikiran dirina, bingung kumaha nya pikarepeun jeung sakapeung malaweung siga anu jararauh panineungan.
Peuting beuki jempling. Karungsing beuki miaing.