Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

6

KA JAKARTA

Sanggeus meunang tempat, najan heurin usik, hatena rada tengtrem meueusan. Dina kareta api subuh manehna henteu bisa kabawa. Kareta kacida pinuhna. Nya kitu deui dina kareta anu jam sapuluh, sanajan sosongkolan satekah-polah, manehna henteu bisa asup.

Pukul satu tengah poe, mangsa katiga entak-entakan, di statsion Cirebon kacida panasna. Hawana ngelekeb matak eungap. Jelama anu luad-liud jeung anu balawiri, matak lieur jeung nambahan kacape. Katambah-tambah kekebul anu mahabu katebak angin, napuk kana awak nu luut-leet ku kesang, matak teu garenah, beuki matak teu puguh rarasaan.

Esih meunang tempat deukeut panto. Manehna henteu bisa terus asup. Di jero geus kacida pajejelna. Koper sengna ditangtungkeun geusan diukna. Genah meueusan, bisa diuk dina koper bari nyarande kana tihang panto.

Di luar, anu sarosongkolan hayangeun naek masih keneh wae. Nu tinggorowok menta jalan, nu tinggerewek kagencet jeung patingdarengekna budak anu careurik, beuki matak kaweur teu eureun-eureun. Jeung kalawan henteu mirosea naon-naon, tukang dagang raong nawarkeun daganganana, ditema ku raongna sora nu jajan tina saban jandela, katambah ku baceona kulawarga Tionghoa anu ngawangkongna cara anu parasea, beuki gandeng teu puguh dengekeuneunana. katambah deui ku bau pengarna kesang anu barobosan tina saban awak, jeung bau lauk asin tina tingkem, beuki matak lieur jeung sesek napas. Panumpang loba anu henteu bisa naek. Dina tangga geus rimbil ku jelema anu ngan bisa ngeumbing jeung bisa netekeun sukuna wungkul. Di jero panumpang masih keneh motah ngatur maneh, bebenah parahi neangan kagenahanana.

Sanggeus cunduk kana waktuna, bari henteu mirosea riweuhna panumpang, hatong karetaapi ngadengek. Rieg, rieg, regeyeng kareta maju lalaunan, siga anu sungkan indit awahing ku beurat.

Esih angger diuk teu robah-robah. Ti dinya manehna bisa

45