Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nyawang ka luar, nenjo padataran jeung pakampungan anu ditinggalkeun. Ardita jeung bojona katut anakna, anu indit ti lemburna babarengan jeung Esih, meunang tempat di jero, rada anggang meueusan ti Esih. Manehna diuk di handap bari nangkeup tuur gigireun bojona anu diuk bari nyusuan orokna.

Panumpang geus repeh deui, jempe cara nu kakara rengse pasea. Nu barangdahar geus areureun, sesana geus diraringkesan. Sawareh ngalenggut narundutan, malah babah nu lintuh mah geus nyangkere deui sare nyegrek bari nyarande. Hawa anu tadina panas ngelekeb matak eungap, robah jadi tiis meueusan ku angin anu ngahiuk asup tina jandela. Para panumpang bisa tengtrem sakeudeung, bisa ngareureuhkeun kacapena, sanajan bari jeung darukdek heurin usik oge.

Lajuna karetaapi beuki lila beuki tarik. Sakapeung hatongna disada ngadengek, ditema ku dumengekna orok anu kagareuwahkeun sarta marudahna panumpang anu ngarasa kaganggu. Daswi, bojona Ardita, ngarepehkeun deui orokna. Manehna ngarasa boga dosa dumeh anakna geus ngagareuwahkeun jelema anu keur ngareureuhkeun kacapena. Sedengkeun Ardita nu jadi bapana ukur ngareret sareretan, tuluy neuteup deui ka Esih anu keur ngahenen siga anu meunang kagenah. Sakapeung mah manehna sok lila pisan neuteupna teu petot-petot, neuteup waruga Esih anu sampulur jeung beuneur. Tapi sakapeung deui sok nitenan sabagian-sabagian: neuteup kana beungeutna, buukna, beuheungna, dadana, cangkengna, bari teu weleh nyipta-nyipta mun kahayangna kasorang. Ku jalan kitu Ardita meunang kanimatan dina kareta, di sagigireun karungsing nyanghareupan anak-bojona. Tapi Esih anu keur dititenan jeung anu keur dicipta-cipta tea, angger malaweung jararauh panineungan.

Gunung Ciremay di beulah kidul sidik keneh ngajunggiring. Rupana paul saheab. saluhureunana ngalayang mega bodas anu ngan ukur ngalamuk. Ka lebah dinya, ka tutugan Gunung Ciremay, ngacacangna pikiran Esih teh. Lantaran nya di dinya pisan, kampungna anu ngan sacangkewok, anu ngan diwangun ku kurang-leuwih duaratus imah. Nya di dinya, manehna kawin ka Udi. Nya di dinya, manehna diturunkeun tina singgasana kaparawanan sarta

46