dibere kalungguhan anyar: randa bengsrat! Nya di dinya, Udi popotonganana ― ditinggalkeun. Nya di dinya ranjang pangantenna anu can kungsi dikedengan, ditinggalkeun.
Ngan sirikna henteu kawin sore pegat isuk wae. Manehna geus diserahkeun deui ku salakina. Udi, anu sipatna cicing tara rea omong, geus ngarasa dihina dicacampah ku Esih. Manehna henteu kuat lila-lila nandangan wiwirang. Sanajan geus diaromongan ku itu ku ieu, geus dibere rupa-rupa bongbolongan, geus dipaleupeuh sangkan sabar heula, manehna tetep nyokot hiji jalan: nyerahkeun Esih ka kolotna.
Isukna, basa Esih tas ti warung, di jalan papanggih jeung Mang Parta anu ti kajauhan keneh geus ngabelenyeh seuri. Barang srog paamprok, pok Mang Parta ngaheureuyan:
„Tas ti mana, nyi randa?”
„Jeeeeww! Embung abdi mah, embung disebut randa!”
„Randa bengsrat atuh!”
„Aaaaww! Geuning beuki angot!” Tembalna bari ceg batu, belewer dibaledogkeun ka Mang Parta lalaunan.
„E-e-e-e-eh! Randa galak ieu mah!”
„Jeeeeh, bet katutuluyan!” Tembal Esih deui anu tuluy ngabrigbrig lumpat anca bari nyingsatkeun sampingna.
Sadatangna ka imah, omongan Mang Parta teh jadi pikiran. Manehna ingeteun kana omongan uwana. „Heueuh,” cek hatena. „Cacakan Mang Parta, jelema anu sakitu bageurna, geus wani ngaheureuyan. Komo nu sejen mah, jaba ti wani ngaheureuyan teh tangtu bari jeung wani ngaheureuykeun deuih.”
Ngan sajeroning kitu, hatena mah keukeuh henteu ngaku jadi randa, keukeuh hayang disebut parawan. Manehna keukeuh henteu yakin yen ti harita geus jadi randa.
Isukna deui, basa manehna tas kukumbah ti pancuran, di palebah tanjakan paamprok jeung barudak bujang batur ulinna.
„Adeueueuh, ngaranda yeuh?” Cek nu saurang.
Esih teu nembalan, gadona nyawet biwirna rapet.
„Heuheuy, randa baeud ieu teh?” Cek nu saurang deui.
Esih ngareret ku juru panonna.
„Laaah, kayungyun ku baeudna,” cek nu kahiji deui.