Belenyeh Esih imut sarenyu.
„Urang nganjang ah, engke peuting mah!” Cek nu katilu.
„Hayu, hayu, hayu!” Cek sarerea.
„Jew! Kapalayna!” Tembal Esih anu leumpangna beuki rusuh.
Ku manehna beuki karasa beuki kaharti, yen lalaki mah sagala wenang. Wenang nempatkeun dirina jeung wenang ngumahakeun awewe sakarepna. Sedengkeun awewe jadi wadal wewenang lalaki, jadi sasaran kahayang jeung kakawasaan lalaki.
Ti harita Esih carang pisan daekeun ka luar. Gawena ngan ngahekok wae di imah. Bapana tara gurah-geureuh. Indungna baeud bae. Beda, beda pisan jeung keur waktu samemeh kawin. Beuki lila manehna beuki nguluwut. Teu eureun-eureun, beurang-peuting, mikiran dirina sorangan. Sikep indung-bapana karasa nyiksa. Leuwih- leuwih deui ngarasa kasiksana lantaran manehna ayeuna mah teu wani liar ka mana-mana. Dunyana beuki heureut. Leuwih heureut batan kamarna, nepi ka tungtungna mah manehna ngan bisa nyanghareupan dirina sorangan wungkul. Dunya jembar dunya endah tempat suka-bungah papada barudak ngora dadaksakala ilang musnah. Kiwari taya deui anu kapimilik lian ti dirina pribadi anu keur nandangan siksaan.
Nya ieu anu jadi lantaran. Menehna maksa indit ka Jakarta kalawan harepan bisa ngarebut deui dunya anu jembar, dunya nu endah nu pinuh ku kasuka cara nu enggeus-enggeus, sarta kalawan harepan bisa ngarebut deui kamerdikaanana.
Hatong karetaapi ngadengek deui. Cara tadi ditema ku dengekna orok anu keur disusuan ku indungna. Esih ngareret ka nu ngadengek. Nya harita panonna paamprok jeung panon Ardita anu ti tatadi neuteup teu petot-petot. Lantaran beda karasana Esih malingeus deui. Ieu drama, kasaksian ku Daswi bojona Ardita anu keur ngarerepeh orokna. Manehna terus rasa. Sarta harita keneh hatena panas lir direrab, ngaguligah kaeunteupan rasa timburu. Ardita anu dipencrong ku bojona malingeus miceun beungeut, siga anu embung kabaca pasemonna.
Tapi barang Ardita ngareret deui ka bojona anu harita mencrong keneh, ngadadak manehna ngarasa bingung, capa-cipi teu